Sadérék-Sadérék nu Ngarélakeun Diri ka Bulgaria
Saksi-Saksi Yéhuwa di Bulgaria téh getol ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah jeung Firman-Na, Alkitab. Ti saprak taun 2000, aya ratusan Saksi ti nagri séjén pindah ka Bulgaria. Naon waé tangtanganana ngawawar di nagri séjén? Naha enya upaya maranéhna aya hasil? Hayu urang tingali sababaraha pangalaman ti sadérék nu pindah ka Bulgaria.
Tetepkeun Cita-Cita
Sadérék Darren nu cicing di Inggris nyarita kieu, ”Sanggeus abdi nikah jeung Dawn, urang téh pindah ka kota London pikeun mantuan jalma-jalma diajar Alkitab dina basa Rusia. Terus, urang geus sababaraha kali nyieun rencana pikeun pindah ka luar nagri, tapi teu jadi waé ku lantaran sababaraha hal. Urang téh geus rék nyerah, tapi aya babaturan nu ngingetan urang yén kaayaan urang téh geus barobah jeung ayeuna urang geus bisa ngudag cita-cita éta.” Darren jeung Dawn téh mulai néangan nagri mana nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta sarta cocog jeung kaayaan maranéhna. Ahirna, dina taun 2011 maranéhna pindah ka Bulgaria.
Pangalaman alus ti maranéhna nu pindah ka nagri séjén téh bisa ngajurung sadérék-sadérék nu mimitina teu boga cita-cita pikeun ngawula di nagri séjén. Giada nu cicing di Italia jeung Luca salakina nyaritakeun, ”Abdi panggih jeung para Saksi nu sumanget jeung bungah ngawawar di Amerika Selatan jeung Afrika. Abdi bener-bener kajurung ku sumanget maranéhna jeung pangalaman-pangalaman nu dicaritakeun ku maranéhna. Abdi jadi mikirkeun cita-cita rohani nu séjén.”
Dina taun 2015, Tomasz jeung Veronika pindah ti Republik Cheska ka Bulgaria bareng jeung dua budakna, nyaéta Klara sarta Mathias. Naon nu ngajurung maranéhna pikeun pindah? Ceuk Tomasz, ”Urang téh mikirkeun pangalaman ti sadérék-sadérék nu pindah ka luar nagri, aya ogé baraya urang nu pindah ka luar nagri. Maranéhna téh meni bungah pisan. Jadi, urang ngobrolkeun ngeunaan hal ieu di imah.” Ayeuna, Tomasz jeung kulawargana téh bungah pisan bisa ngawawar di kota Montana, Bulgaria.
Linda, saurang sadérék istri nu pindah ka Bulgaria, nyarita kieu, ”Sababaraha taun kapungkur, abdi indit ka Ekuador sarta panggih jeung sadérék-sadérék nu pindah ka ditu pikeun ngawula Yéhuwa. Abdi jadi kapikiran, meureun engké abdi gé bisa pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta.” Hiji pasangan ti Finlandia nu ngaranna Petteri jeung Nadja gé mikirkeun pangalaman sadérék-sadérék séjén. Ceuk maranéhna, ”Di sidang urang aya sababaraha pawarta nu tarampil. Baheula, maranéhna pindah ka daérah séjén pikeun ngajarkeun Alkitab ka jalma-jalma. Unggal nyaritakeun pangalamanana, maranéhna téh meni sumanget pisan. Ceuk maranéhna, éta téh pangalaman nu panghadéna.”
Jieun Rencana
Mun hayang ngawula di nagri séjén, urang kudu nyieun rencana sing asak. (Lukas 14:28-30) Nele ti Belgia nyarita kieu, ”Waktu kapikiran rék pindah ka nagri séjén, abdi téh ngadoa sarta maca artikel-artikel ti publikasi urang ngeunaan ngawula di nagri séjén. Abdi mikirkeun naon waé nu dibutuhkeun supaya abdi siap pindah ka nagri séjén.”
Kristian jeung Irmina ti Polandia geus pindah ka Bulgaria salila leuwih ti salapan taun. Saacan pindah, maranéhna téh ngagabung ka kelompok basa Bulgaria di Polandia. Éta ngabantu pisan. Kelompok éta nyumangetan sarta ngabantu maranéhna pikeun diajar basa Bulgaria. Kristian jeung Irmina nyarita, ”Urang geus ngarasakeun lamun urang daék ngarélakeun diri, Yéhuwa pasti ngurus pangabutuh urang. Éta téh luar biasa pisan. Waktu urang ngomong ka Yéhuwa, ’Ieu Abdi! Utus Abdi!’, urang jadi bisa ngalakukeun hal-hal nu saacanna mah teu pernah kapikir.”—Yesaya 6:8.
Supaya bisa leuwih siap sarta bisa ngirit, Reto jeung Cornelia ti Swiss mutuskeun pikeun hirup saderhana. Maranéhna nyarita, ”Sataun saacan pindah, urang téh indit ka Bulgaria salila saminggu supaya bisa ningali kumaha kahirupan di ditu téh. Tuluy, sapasang misionaris di ditu méré saran nu alus keur urang.” Reto jeung Cornelia nuturkeun saran éta, jeung ayeuna geus 20 taun leuwih aya di Bulgaria.
Nyanghareupan Tangtangan
Sadérék-sadérék nu pindah ka nagri séjén téh kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan. Bisa jadi maranéhna nyanghareupan tangtangan. (Kisah 16:9, 10; 1 Korintus 9:19-23) Biasana, tangtanganana téh nyaéta diajar basa anyar. Luca nu dicaritakeun saacanna ngomong kieu, ”Di pasamoan, biasana urang téh méré koméntar maké kekecapan sorangan. Tapi, ayeuna mah rék méré koméntar saderhana dina basa Bulgaria téh hésé pisan! Kudu diajar ngomong jiga budak leutik deui. Malah, barudak leutik di ditu koméntarna leuwih alus tibatan urang.”
Ravil ti Jerman nyarita kieu, ”Mémang, diajar basa anyar téh teu gampang. Tapi abdi mikir, ’Ah, tong sérius teuing. Mun salah, nya seuri wéh.’ Abdi teu nganggap tangtangan téh sabagé masalah, tapi éta téh bagian tina palayanan abdi ka Yéhuwa.”
Linda, nu dicaritakeun saacanna, ngomong, ”Basa Bulgaria téh teu gampang, jeung abdi sababaraha kali hayang nyerah. Abdi asa teu boga batur ku lantaran teu bisa ngobrol jeung batur sarta teu ngarti maranéhna keur ngomong naon. Jadi supaya karohanian abdi tetep kuat, abdi persiapan jeung palajaran pribadi maké basa Swedia. Ahirna, ku bantuan ti sadérék-sadérék saiman nu dipikanyaah, abdi bisa basa Bulgaria.”
Tangtangan séjénna téh nyaéta sono ka kulawarga atawa babaturan di lembur. Eva jeung salakina Yannis nu pindah ka Bulgaria nyarita, ”Mimitina mah abdi sok ngarasa euweuh batur. Pikeun nyanghareupanana, abdi sering-sering ngobrol jeung babaturan sarta kulawarga di lembur, bari néangan babaturan anyar di dieu.”
Tapi, aya ogé tangtangan nu séjén. Robert jeung Lianna nu pindah ti Swiss nyarita, ”Basa jeung budaya téh tangtangan nu beurat keur urang. Urang gé can siap kana usum tiris di dieu.” Najan kitu, boga pamikiran nu positif jeung teu nganggap tugas ieu sabagé beban téh geus ngabantu pasangan ieu pikeun satia ngawula di Bulgaria salila 14 taun.
Berkahna
Lilly nyaritakeun naon berkahna ngawula di nagri nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Ceuk manéhna, ”Abdi bisa ngarasakeun kumaha Yéhuwa ngabantu abdi. Mun teu pindah ka dieu mah, sigana abdi teu bisa ngarasakeunana. Abdi jadi leuwih sibuk mantuan batur jeung jadi leuwih raket ka Yéhuwa. Ku kituna, abdi bisa leuwih bungah jeung ngarasa puas.” Ravil salakina gé ngomong, ”Ieu téh kahirupan nu panghadéna. Abdi jadi kenal ka sadérék-sadérék nu sumanget ti nagri-nagri séjén nu boga loba pangalaman dina ngajarkeun bebeneran. Abdi jadi bisa diajar loba ti maranéhna.”
Karélaan ti sadérék-sadérék pikeun pindah téh geus ngabantu suksésna pagawéan pikeun ngawartakeun ”warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah . . . ka sakuliah dunya”. (Matius 24:14) Sadérék-sadérék nu réla pindah ka Bulgaria pikeun ngabantu batur bisa ngarasakeun, Yéhuwa téh ngabulkeun kahayang maranéhna jeung ngawujudkeun sakabéh rencana maranéhna.—Jabur 20:2-5.