Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Teu Ngarasa Rendah Diri Deui”

”Abdi Teu Ngarasa Rendah Diri Deui”
  • Lahir Taun: 1963

  • Nagri Asal: Meksiko

  • Kasang Tukang: Budak jalanan nu ngarasa rendah diri

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di Ciudad Obregón béh kalér Meksiko. Abdi nu kalima ti salapan budak. Abdi jeung kulawarga cicing di pasisian kota. Pun bapa ngolah kebon leutik. Di dinya téh tempatna genaheun, kulawarga abdi layeut jeung bagja. Hanjakalna, waktu abdi umur lima taun, aya topan nu ngaruksak kebon Bapa, jadi abdi jeung kulawarga kudu pindah.

 Bapa meunang pagawéan nu alus, tapi Bapa kalah ka kacanduan alkohol. Ieu mangaruhan kulawarga. Abdi jeung dua lanceuk diajar ngaroko. Rokona meunang maok ti Bapa. Abdi mimiti mabok alkohol basa umur genep taun. Teu lila, indung bapa abdi pepegatan, kalakuan abdi nu goréng jadi beuki goréng.

 Mamah boga kabogoh, tuluy barudak diajak cicing bareng jeung maranéhna. Lalaki éta tara méré napkah, duit Mamah gé teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh urang kabéh. Jadi abdi jeung adi lanceuk sabisa-bisa digawé tapi hasilna pas-pasan pisan keur sapopoé. Abdi nyemir sapatu, dagang roti, koran, permén karét, jeung sajabana. Abdi gé sok ngurilingan kota néangan dahareun dina wadah runtah jalma beunghar.

 Waktu abdi umur sapuluh taun, aya saurang lalaki nu ngajak digawé di tempat pamiceunan runtah kota. Abdi daék, tuluy eureun sakola jeung ninggalkeun imah. Abdi ngan dibayar kurang ti 8000 rupiah jeung dibéré dahareun nu dicokot tina runtah éta. Abdi cicing di saung nu dijieun tina rongsokan. Di dinya, jalma-jalmana téh jarorang jeung kalakuanana cabul. Loba nu kacanduan narkoba jeung alkohol. Harita téh mangsa nu pangsangsarana dina hirup abdi. Unggal peuting abdi ceurik bari ngadégdég kasieunan. Lantaran miskin jeung putus sakola, abdi rendah diri. Abdi cicing di pamiceunan runtah éta salila kira-kira tilu taun, tuluy abdi pindah ka kota séjén di Meksiko. Di kota éta, abdi gawé di kebon pikeun ngala kembang jeung kapas, ngumpulkeun tiwu, jeung ngala kentang.

Abdi cicing di tempat pamiceunan runtah siga kieu salila tilu taun

 Opat taun ti harita abdi balik deui ka Ciudad Obregón. Salah sahiji uwa awéwé abdi téh dukun. Abdi diidinan cicing di imahna. Harita abdi sok ngimpi nu pikasieuneun ngalantarankeun abdi jadi déprési nepi ka hayang maéhan manéh. Hiji peuting, abdi ngadoa ka Allah, ”Gusti, mun Gusti bener-bener aya, abdi hayang kenal ka Gusti jeung bakal ngawula ka Gusti salilana. Abdi gé hayang nyaho agama nu bener.”

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Ti baheula, abdi resep diajar ngeunaan Allah. Ti leuleutik gé, abdi sok datang ka rupa-rupa garéja. Tapi abdi kuciwa ka kabéhanana. Euweuh nu ngajarkeun Alkitab atawa ngabantu abdi kenal ka Allah. Sababaraha garéja mentingkeun duit, malah aya nu kalakuan jamaahna cabul.

 Waktu abdi umur 19 taun, salakina lanceuk ngabéjaan yén Saksi-Saksi Yéhuwa némbongkeun ayat Alkitab ngeunaan patung-patung nu dipaké dina ibadah. Manéhna macakeun Budalan 20:4, 5 yén urang teu meunang nyieun patung. Ayat 5 nyebutkeun, ”Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan.” Tuluy manéhna nanya, ”Lamun patung digunakeun ku Allah pikeun nyieun mujijat atawa kudu dipaké dina ibadah, ku naon bet dilarang?” Abdi jadi panasaran. Ti harita, abdi duaan sok ngabahas topik-topik Alkitab. Abdi resep pisan ngobrolkeun Alkitab. Waktu téh asa teu karasa.

 Ka dieunakeun, abdi diajak ku manéhna ka pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa. Abdi bener-bener tajub kana kaayaan jeung pangajaranana. Nu nepikeun bagian ti mimbar ngomongna mani lancar, sanajan leutik kénéh! Abdi mikir, ”Maranéhna téh dididikna siga kumaha nya?” Sanajan abdi gondrong jaba kuleuheu, maranéhna tetep balageur jeung soméah ka abdi. Malah aya hiji kulawarga nu ngajak dahar bareng sanggeus pasamoan!

 Waktu diajar Alkitab jeung Saksi, abdi diajar yén Allah Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan nu merhatikeun urang teu sual kaayaan ékonomi, sosial, sélér, atawa pendidikan urang. Mantenna bener-bener teu ngabéda-béda. (Ras. 10:34, 35) Ahirna, kabutuhan rohani abdi kacumponan. Lila-lila, abdi bisa ngarasakeun kabagjaan.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Kahirupan abdi bener-bener barobah! Abdi eureun ngaroko, teu mabok deui, jeung teu ngomong jorang deui. Kakeuheul dina haté nu dipendem ti leuleutik lila-lila leungit, kitu ogé jeung impian nu pikasieuneun. Abdi gé lila-lila bisa ngaleungitkeun parasaan rendah diri nu parah lantaran trauma basa keur leutik jeung lantaran putus sakola.

 Abdi boga pamajikan nu luar biasa, nu nyaah ka Yéhuwa jeung ngadukung abdi. Ayeuna abdi ngawula jadi pangawas wilayah Saksi-Saksi Yéhuwa nu nganjangan sidang-sidang pikeun ngajar jeung nguatkeun dulur-dulur saiman. Abdi nganuhunkeun pisan geus dirobah jadi hadé ku Alkitab jeung meunang pendidikan nu luar biasa ti Allah. Ayeuna abdi teu ngarasa rendah diri deui.

Abdi jeung pamajikan resep mantuan batur nu kahirupanana siga abdi baheula