Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Daék Miluan Perang?
Saksi-Saksi Yéhuwa teu miluan perang, ku sabab:
Taat ka Allah. Alkitab nyebutkeun yén hamba Allah bakal ”ngarobah pedangna jadi wuluku” sarta ”moal tatahar perang deui”.—Yesaya 2:4.
Taat ka Yésus. Rasul Pétrus pernah dibéjaan ku Yésus, ”Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.” (Mateus 26:52) Ku kituna, Yésus ngajarkeun yén murid-muridna moal miluan perang.
Murid-murid Yésus téh ”sanes gaduhna dunya”, jadi maranéhna bener-bener nétral dina urusan pulitik. (Yohanes 17:16) Tapi, maranéhna moal miluan protés kana kagiatan militér atawa ngahalang-halang batur supaya teu jadi tentara.
Nyaah ka batur. Yésus méré paréntah ka murid-muridna pikeun ”silih pikanyaah sabatur-batur”. (Yohanes 13:34, 35) Maranéhna jadi anggota duduluran internasional nu moal silih perangan.—1 Yohanes 3:10-12.
Nyonto urang Kristen di abad kahiji. Encyclopedia of Religion and War nyebutkeun, ”Murid-murid Yésus nu mimiti, teu daék perang atawa milu dines militér.” Hal-hal éta dianggap ”papalingpang jeung prinsip kanyaah ti Yésus sarta paréntah pikeun mikanyaah musuh”. Kitu ogé, ahli agama asal Jerman nu ngaranna Peter Meinhold ngajelaskeun ngeunaan murid-murid Yésus di abad kahiji, ”Jadi urang Kristen bari jeung jadi tentara téh patukang tonggong.”
Dukungan keur masarakat
Saksi-Saksi Yéhuwa téh lain beban keur masarakat jeung lain ancaman keur nagara. Urang ngajénan wewenang pamaréntah. Ieu saluyu jeung paréntah Alkitab:
”Kudu nurut ka pamarentah.”—Rum 13:1.
”Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah.”—Mateus 22:21.
Ku kituna, urang taat hukum, mayar pajeg, sarta daék ngadukung upaya pamaréntah pikeun ngawujudkeun masarakat nu sejahtera.