ARTIKEL PALAJARAN 28
Tetep Ibadah ka Yéhuwa Sanajan Dilarang
”Sim kuring moal tiasa upami dugi ka henteu nyanggemkeun perkawis eta, anu parantos katingal sareng kakuping pribadi.”—RAS. 4:19, 20.
KAWIH 122 Sing Teger sarta Pengkuh!
NU DIBAHAS *
1-2. (a) Ku naon urang teu héran waktu pamaréntah ngalarang kagiatan urang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?
DINA taun 2018, leuwih ti 223.000 pawarta matuh di nagri-nagri nu ngalarang atawa ngawatesan kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Urang teu héran, lantaran saperti nu geus dibahas dina artikel saacanna, urang Kristen sajati bakal dikaniaya. (2 Tim. 3:12) Teu sual urang matuh di mana, pamaréntah bisa jadi ujug-ujug ngalarang ibadah urang ka Allah Yéhuwa nu nyaahan.
2 Lamun pamaréntah di nagri Sadérék ngalarang ibadah ka Yéhuwa, Sadérék bisa jadi mikir, ’Naha panganiayaan téh hartina Allah geus teu resep ka urang? Waktu kagiatan urang dilarang, naha urang jadi eureun ibadah ka Yéhuwa? Naha abdi kudu pindah ka nagri nu teu ngalarang ibadah urang?’ Jawabanana bakal dibahas dina artikel ieu. Urang gé bakal ngabahas carana bisa terus ibadah ka Yéhuwa jeung hal naon waé nu ulah dilakukeun waktu kagiatan urang dilarang.
NAHA PANGANIAYAAN TÉH HARTINA ALLAH GEUS TEU RESEP KA URANG?
3. Numutkeun 2 Korinta 11:23-27, panganiayaan naon waé nu kaalaman ku Rasul Paulus? Naon palajaranana keur urang?
3 Waktu kagiatan urang dilarang ku pamaréntah, urang bisa waé nyangka yén Allah geus teu resep ka urang. Tapi, sabenerna teu kitu. Contona Rasul Paulus. Manéhna dipikaresep ku Allah. Manéhna boga hak istiméwa pikeun nulis 14 surat dina Kitab-Kitab Yunani Kristen jeung jadi rasul keur bangsa-bangsa séjén. Tapi, manéhna sering dikaniaya. (Baca 2 Korinta 11:23-27.) Tina pangalaman Rasul Paulus, urang diajar yén Yéhuwa ngidinan hamba-Na nu satia dikaniaya.
4. Ku naon urang dipikageuleuh ku dunya?
4 Yésus ngajelaskeun alesanana urang bakal dikaniaya. Anjeunna nyebutkeun urang bakal dipikageuleuh lantaran teu kaasup ka dunya. (Yoh. 15:18, 19) Jadi, panganiayaan téh lain hartina Yéhuwa geus teu resep ka urang, éta justru nunjukkeun urang ngalakukeun nu bener!
WAKTU KAGIATAN URANG DILARANG, NAHA URANG JADI EUREUN IBADAH KA YÉHUWA?
5. Naha tangtangan ti manusa bisa ngeureunkeun ibadah urang ka Yéhuwa? Jelaskeun.
5 Tangtangan ti manusa teu bisa bener-bener ngeureunkeun ibadah urang ka Allah Nu Mahakawasa, Yéhuwa. Loba nu coba-coba, tapi gagal. Misalna waktu keur Perang Dunya II, pamaréntah di loba nagri bébéakan nganiaya umat Allah. Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa teu saukur dilarang ku Nazi Jerman, pamaréntah Australia, Kanada, jeung nagri séjénna ogé ngalarang. Tapi, perhatikeun naon nu kajadian. Dina taun 1939 pas perang dimimitian, aya 72.475 pawarta di sakuliah dunya. Sanggeus bérés perang dina taun 1945, aya 156.299 pawarta. Jumlahna ningkat leuwih ti dua kali lipet! Ieu téh berkah ti Yéhuwa.
6. Waktu kagiatan urang dilarang, aya hasil alus naon waé?
6 Lainna jadi sieun, tangtangan kalah ka nguatkeun tékad urang pikeun ngawula Yéhuwa. Contona, pasangan salaki pamajikan nu boga budak leutik matuh di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Lainna jadi lemah, maranéhna jadi panaratas biasa. Malah, pamajikanna eureun tina pagawéan nu gajihna gedé. Salakina nyebutkeun, lantaran kagiatan urang dilarang, loba jalma jadi panasaran ka Saksi-Saksi Yéhuwa. Jadi, meunangkeun palajar Alkitab téh leuwih gampang. Aya deui hasil alus séjénna. Saurang kokolot di nagri éta nyebutkeun, loba nu tadina teu aktif ayeuna datang masamoan jeung aktif deui.
7. (a) Tina Imamat 26:36, 37, urang meunang palajaran naon? (b) Sadérék rék kumaha lamun kagiatan urang dilarang?
7 Waktu musuh ngalarang kagiatan urang, tujuanana supaya urang sieun ngawula Yéhuwa. Maranéhna ogé bisa jadi Imamat 26:36, 37. (Baca.) Urang moal ngurangan atawa ngeureunkeun dines urang ka Yéhuwa lantaran sieun. Urang percaya pisan ka Yéhuwa jeung moal geumpeur. (Jab. 56:4) Urang ngadoa ménta bingbingan ti Yéhuwa. Lantaran urang ditangtayungan ku Yéhuwa, urang yakin moal aya pamaréntah manusa nu bisa ngeureunkeun urang ibadah ka Allah.—Ibr. 13:6.
nyebarkeun carita bohong, ngirim patugas pikeun ngagaradah imah urang, mawa urang ka pangadilan, malahan ngasupkeun urang ka panjara. Maranéhna hayang urang jadi sieun lantaran aya sababaraha nu dipanjarakeun. Lamun urang jadi sieun, urang bisa ”ngalarang” diri sorangan. Urang embung jadi jalma nu disebutkeun dinaNAHA ABDI KUDU PINDAH KA NAGRI SÉJÉN?
8-9. (a) Hal naon nu kudu diputuskeun sorangan ku unggal jalma atawa kapala kulawarga? (b) Naon nu bisa ngabantu urang pikeun nyieun putusan nu hadé?
8 Lamun pamaréntah ngalarang ibadah urang, meureun kapikir ku Sadérék pikeun pindah ka nagri nu teu ngalarang kagiatan urang. Éta kudu diputuskeun ku sorangan. Aya nu saacanna geus nalungtik naon nu dilakukeun ku urang Kristen dina abad kahiji waktu maranéhna dikaniaya. Sanggeus Stépanus dibalédogan ku batu nepi ka maot, murid-murid di Yérusalém nyalingkir ka Yudéa jeung Samaria, malah aya nu nepi ka Pénésia, Siprus, jeung Antioki. (Mat. 10:23; Ras. 8:1; 11:19) Tapi, aya ogé nu merhatikeun yén sanggeus urang Kristen abad kahiji dikaniaya deui, Rasul Paulus mutuskeun teu pindah. Manéhna narohkeun nyawa pikeun nguarkeun warta hadé jeung nguatkeun dulur-dulur saiman di kota-kota nu ngalaman panganiayaan hébat.—Ras. 14:19-23.
9 Naon palajaranana? Unggal kapala kulawarga kudu mutuskeun naha kulawargana rék pindah atawa henteu. Saacanna, manéhna kudu ngadoa jeung bener-bener mikirkeun kaayaan kulawargana sarta nimbang-nimbang alus goréngna lamun pindah. Dina hal ieu, unggal urang Kristen kudu ”tanggung jawab” kana putusanana sorangan. (Gal. 6:5) Urang teu meunang ngahakiman putusan maranéhna.
KUMAHA URANG BISA TETEP IBADAH WAKTU DILARANG?
10. Kantor cabang jeung para kokolot bakal méré pituduh naon?
10 Kumaha Sadérék bisa tetep ngajalankeun ibadah ka Yéhuwa waktu kagiatan urang dilarang? Kantor cabang bakal méré pituduh jeung saran ka para kokolot sidang ngeunaan carana narima kadaharan rohani, carana masamoan, jeung carana ngawawar. Lamun kantor cabang teu bisa kontak jeung para kokolot, para kokolot bakal ngabantu Sadérék jeung kabéh anggota sidang pikeun tetep ibadah ka Yéhuwa. Maranéhna bakal méré pituduh nu luyu jeung bingbingan tina Alkitab jeung publikasi urang.—Mat. 28:19, 20; Ras. 5:29; Ibr. 10:24, 25.
11. Ku naon urang yakin yén kadaharan rohani bakal tetep aya? Kumaha urang bisa ngajaga kadaharan rohani?
11 Yéhuwa jangji hamba-hamba-Na moal kakurangan kadaharan rohani. (Yes. 65:13, 14; Luk. 12:42-44) Jadi, Sadérék bisa yakin yén organisasi-Na bakal ngupayakeun sangkan Sadérék tetep kuat sacara rohani. Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék? Waktu ibadah urang dilarang, téangan tempat nu buni pikeun nyamunikeun Alkitab sarta kadaharan rohani séjénna. Ati-ati, ulah ninggalkeun bacaan nu penting éta, boh nu kacitak boh nu éléktronik, di tempat nu gampang kanyahoan. Urang masing-masing kudu ngupayakeun pikeun tetep kuat sacara rohani.
12. Kumaha para kokolot ngatur pasamoan sangkan batur teu curiga?
12 Kumaha jeung pasamoan mingguan? Para kokolot bakal ngatur sangkan Sadérék bisa tetep masamoan. Bisa jadi Sadérék kudu masamoan dina kelompok leutik, atawa waktu jeung tempatna teu angger. Jadi, pasamoan urang teu kanyahoan ku musuh. Sadérék bisa milu ngalindungan dulur saiman ku cara henteu gandéng waktu datang atawa indit ti tempat pasamoan. Sadérék ogé bisa jadi kudu maké pakéan nu teu resmi sangkan batur teu curiga.
13. Urang diajar naon ti dulur-dulur urang di Uni Soviet?
13 Ngeunaan pangwawaran, kaayaan di unggal tempat bisa béda-béda. Tapi, lantaran urang nyaah ka Yéhuwa jeung hayang méré nyaho batur ngeunaan Karajaan Allah, urang bakal néangan cara supaya tetep ngawawar. (Luk. 8:1; Ras. 4:29) Ahli sajarah nu ngaranna Emily B. Baran nyaritakeun ngeunaan pangwawaran Saksi-Saksi Yéhuwa di Uni Soviet, ”Waktu pamaréntah ngalarang maranéhna nyaritakeun iman, para Saksi tetep nyarita ka para tatangga, batur gawé, jeung babaturanana. Ku lantaran éta, maranéhna dijebloskeun ka kamp kerja paksa. Tapi, tetep wé maranéhna nyaritakeun imanna ka jalma-jalma nu dipanjara.” Sanajan dilarang, dulur-dulur urang di Uni Soviet teu eureun ngawawar. Mugia Sadérék gé boga tékad nu sarua lamun pangwawaran dilarang di daérah Sadérék!
HAL-HAL NU ULAH DILAKUKEUN
14. Pangéling naon nu aya dina Jabur 39:2?
14 Ulah sambarangan méré informasi. Lamun keur dilarang, urang kudu apal iraha ”waktuna ngajejempe”. (Pan. 3:7) Urang kudu ngajaga informasi rasiah saperti ngaran sadérék-sadérék urang, tempat pasamoan, carana dines, jeung ti mana urang meunangkeun kadaharan rohani. Ulah méré nyaho hal-hal ieu ka patugas pamaréntah atawa ka babaturan jeung baraya, teu sual maranéhna aya di nagri urang atawa di nagri séjén. Lamun urang ngalakukeun hal éta, urang bakal ngabahayakeun dulur-dulur saiman urang.—Baca Jabur 39:2.
15. Naon nu diupayakeun ku Sétan, jeung urang kudu kumaha?
Mar. 3:24, 25) Manéhna bakal terus ngupayakeun sangkan urang papecah. Tujuanna sangkan urang silih lawan, lainna ngalawan manéhna.
15 Ulah nepi ka masalah leutik nyababkeun urang papecah. Sétan apal yén kulawarga nu papecah moal bisa ajeg. (16. Sadérék Gertrud Poetzinger méré tuladan naon?
16 Urang Kristen nu asak rohani gé kudu ati-ati. Contona dua sadérék istri nu diistrénan nyaéta Gertrud Poetzinger jeung Elfriede Löhr. Maranéhna dipanjara babarengan jeung sadérék-sadérék istri séjénna di kamp konséntrasi Nazi. Gertrud sirik waktu ningali Elfriede ngomong di hareupeun sadérék-sadérék istri éta pikeun ngagedékeun haté maranéhna. Ka dieunakeun, Gertrud kaduhung jeung ménta bantuan ka Yéhuwa. Manéhna nulis, ”Urang diajar narimakeun lamun batur boga kasanggupan jeung tanggung jawab nu leuwih gedé ti urang.” Kumaha manéhna bisa miceun parasaan sirikna? Gertrud mikirkeun sipat-sipat hadé jeung sikep Elfriede nu gampang dideukeutan. Jadi, manéhna bisa nyobat deui jeung Elfriede. Duanana salamet ti kamp konséntrasi jeung satia ngawula Yéhuwa nepi ka ngaréngsékeun kahirupanana di bumi. Lamun urang ngupayakeun akur jeung dulur-dulur saiman waktu aya masalah, urang moal papecah.—Kol. 3:13, 14.
17. Ku naon urang ulah nyanyahoanan?
17 Ulah nyanyahoanan. Lamun urang nuturkeun pituduh ti sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab jeung bisa dipercaya, urang bakal nyingkahan masalah. (1 Pet. 5:5) Contona, di hiji nagri nu ngalarang kagiatan urang, sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab méré pituduh sangkan para pawarta ulah méré publikasi waktu keur dines. Tapi, aya saurang sadérék pameget nu jadi panaratas teu nuturkeun pituduh éta, malah ngabagikeun publikasi. Naon balukarna? Teu lila sanggeus manéhna jeung sababaraha sadérék bérés méré kasaksian teu resmi, maranéhna ditanya-tanya ku pulisi. Sihoréng para patugas geus nuturkeun maranéhna sarta nyokotan publikasi nu geus dibagikeun. Naon palajaranana? Urang kudu nuturkeun pituduh sanajan urang ngarasa teu satuju. Yéhuwa pasti ngaberkahan lamun urang daék nuturkeun pituduh ti sadérék-sadérék nu dilantik pikeun mingpin urang.—Ibr. 13:7, 17.
18. Ku naon urang ulah nyieun aturan nu teu perlu?
18 Ulah nambah-nambah aturan nu teu perlu. Lamun para kokolot nambah-nambah aturan, maranéhna nyusahkeun dulur-dulur saimanna. Sadérék Juraj Kaminský nyaritakeun kajadian waktu kagiatan urang dilarang di nagri nu baheulana Cekoslovakia, ”Sanggeus loba kokolot jeung nu boga tanggung jawab séjénna ditaréwakan, sababaraha sadérék nu mingpin sidang jeung wilayah nyieun aturan nu rinci ngeunaan laku lampah para pawarta, tuluy nyieun daptar ngeunaan naon nu kudu jeung ulah dilakukeun.” Yéhuwa teu masihan wewenang ka urang pikeun nyieun putusan keur batur. Jalma nu nambah-nambah aturan teu ngalindungan dulur-dulur saimanna. Manéhna maksakeun kahayangna sorangan.—ULAH EUREUN IBADAH KA YÉHUWA
19. Teu sual upaya Sétan, ku naon urang bisa yakin kana kekecapan nu aya dina 2 Babad 32:7, 8?
19 Musuh gerot urang, Sétan si Iblis, moal eureun nganiaya hamba Yéhuwa nu satia. (1 Pet. 5:8; Wahyu 2:10) Sétan jeung baladna ngupayakeun sangkan ibadah urang ka Yéhuwa dilarang. Tapi, urang teu kudu sieun! (Pam. 7:21) Yéhuwa aya di pihak urang. Mantenna bakal terus ngadukung urang sanajan kagiatan urang dilarang.—Baca 2 Babad 32:7, 8.
20. Naon nu jadi tékad Sadérék?
20 Mugia urang boga tékad nu sarua jeung dulur-dulur urang dina abad kahiji. Maranéhna ngomong ka para pamingpin, ”Para Juragan kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah, kedah tunduk ka Juragan-juragan atanapi kedah tumut kana timbalan Allah. Sim kuring moal tiasa upami dugi ka henteu nyanggemkeun perkawis eta, anu parantos katingal sareng kakuping pribadi.”—Ras. 4:19, 20.
KAWIH 73 Pasihan Abdi Kawani
^ par. 5 Kumaha lamun ibadah urang ka Yéhuwa dilarang ku pamaréntah? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas saran-saran ngeunaan naon nu kudu jeung ulah dilakukeun ngarah urang bisa tetep ibadah ka Allah.
^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Kabéh gambar nunjukkeun Saksi-Saksi di nagri-nagri nu ngalarang kagiatan urang. Dina gambar ieu, aya sakelompok leutik sadérék keur masamoan di gudang milik saurang sadérék.
^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri (beulah kénca) keur ngobrol jeung saurang awéwé sarta néangan kasempetan pikeun ngabahas hal-hal rohani.
^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu keur diinterogasi ku pulisi teu daék méré informasi ngeunaan sidangna.