Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANGALAMAN HIRUP

Berkah Yéhuwa Ngaleuwihan Angen-Angen Abdi

Berkah Yéhuwa Ngaleuwihan Angen-Angen Abdi

ABDI pernah mikir, ’Kuduna mah abdi jadi panaratas. Tapi lamun naratas, naha abdi bakal bagja?’ Abdi resep digawé di Jerman di pausahaan nu ngirimkeun dahareun ka loba tempat di Afrika, saperti Dar es Salaam, Elisabethville, jeung Asmara. Abdi teu nyangka tungtungna bakal ngawula sapinuh waktu di tempat-tempat éta jeung tempat séjénna di Afrika!

Ahirna abdi teu cangcaya deui tuluy naratas. Ti saprak harita, kahirupan abdi barobah pisan, ngaleuwihan angen-angen abdi. (Epe. 3:20) Tapi, bisa jadi Sadérék hayang nyaho kumaha bisa kitu. Abdi rék nyarita ti mimiti.

Abdi jeung kolot sarta adi abdi di Jerman, ± 1950

Abdi lahir di Berlin, Jerman, sababaraha bulan sanggeus Perang Dunya II dimimitian taun 1939. Saacan perang éta eureun dina taun 1945, Berlin dihujanan ku bom udara. Hiji poé, aya serangan bom di daérah imah abdi. Jadi, abdi sakulawarga indit ka tempat panyalindungan. Tapi supaya salamet, abdi sakulawarga ngungsi ka lemburna Mamah di Erfurt.

Mamah hayang nyaho pisan pangajaran nu bener. Jadi, Mamah macaan buku-buku ti para pilsup jeung diajar rupa-rupa agama, tapi teu pernah puas. Kira-kira taun 1948, dua Saksi Yéhuwa ngawawar ka imah. Mamah nitah asup jeung loba tatanya ka maranéhna. Kurang ti sajam, Mamah ngomong ka abdi jeung adi awéwé abdi, ”Mamah geus manggih bebeneran!” Teu lila ti harita, Mamah, adi abdi, jeung abdi datang ka pasamoan di Erfurt.

Taun 1950, abdi balik deui ka Berlin tuluy ngagabung jeung Sidang Berlin-Kreuzberg. Waktu pindah ka tempat séjén di Berlin, abdi ngagabung jeung sidang Berlin-Tempelhof. Ahirna Mamah dibaptis, tapi abdi mah can siap. Naon alesanana?

NGALEUNGITKEUN SIPAT ÉRAAN

Abdi teu loba nyieun kamajuan lantaran éraan pisan. Sanajan geus milu ngawawar salila dua taun, abdi teu wani ngomong. Cara pikir abdi barobah waktu sering ngobrol jeung dulur-dulur saiman nu wanian jeung satia ka Yéhuwa. Aya nu diasupkeun ka kamp konséntrasi Nazi atawa dipanjarakeun di Jerman Timur. Nu séjénna susulundupan mawa bacaan ka Jerman Timur sanajan maranéhna bisa ditéwak jeung dipanjarakeun. Tuladan maranéhna nanceb kana haté. Abdi mikir, lamun maranéhna réla ngabahayakeun nyawana jeung siap dipanjara demi Yéhuwa jeung dulur saiman, abdi kuduna mah bisa nalukkeun sipat éraan.

Abdi jadi teu éraan deui téh basa miluan kampanyeu pangwawaran istiméwa taun 1955. Dina suratna nu dimuat dina Informant, * Sadérék Nathan Knorr ngumumkeun yén kampanyeu ieu téh kampanyeu nu panggedéna ti organisasi. Manéhna nyebutkeun, lamun kabéh pawarta miluan ngawawar dina bulan kampanyeu, éta bakal jadi kasaksian nu luar biasa di dunya. Éta téh bener pisan! Teu lila, abdi ngabaktikeun diri ka Yéhuwa. Tuluy taun 1956, abdi dibaptis bareng jeung Bapa, ogé adi abdi. Tapi sanggeusna, abdi masih kudu nyieun putusan penting.

Sabenerna mah abdi geus apal ti baheula yén naratas téh cita-cita nu alus, tapi abdi masih ngaengké-engké. Abdi mutuskeun pikeun magang di pausahaan dagang ékspor-impor di Berlin. Sanggeusna, abdi hayang digawé heula dina widang ieu supaya boga pangalaman. Jadi taun 1961, abdi narima pagawéan di Hamburg, kota palabuhan nu panggedéna di Jerman. Beuki resep digawé, abdi beuki ngaengké-engké dines sapinuh waktu. Abdi kudu kumaha?

Abdi nganuhunkeun pisan Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun ngabantu abdi ngutamakeun hal-hal rohani. Sababaraha babaturan abdi naratas jeung jadi tuladan keur abdi. Salian ti éta, Sadérék Erich Mundt nu salamet ti kamp konséntrasi, ngajurung abdi pikeun ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna nyaritakeun yén di kamp konséntrasi, jalma nu ngandelkeun diri sorangan tungtungna jadi lemah. Tapi, nu bener-bener ngandelkeun Yéhuwa mah tetep satia jeung bisa digunakeun ku organisasi.

Basa mimiti naratas, 1963

Sadérék Martin Poetzinger gé, nu ka dieunakeun jadi anggota Badan Pingpinan, terus ngagedékeun haté sadérék-sadérék. Ceuk manéhna, ”Kawani téh milik nu panghadéna!” Sanggeus ngalenyepan kekecapan éta, abdi eureun digawé tuluy naratas dina bulan Juni 1963. Éta putusan abdi nu panghadéna! Dua bulan ti harita, saacan meunang pagawéan anyar, abdi diondang jadi panaratas istiméwa. Sababaraha taun sanggeusna, Yéhuwa ngaberkahan abdi leuwih tina angen-angen. Abdi diondang ka Sekolah Gilead kelas ka-44.

MEUNANG PALAJARAN NU KACIDA HADÉNA DI GILEAD

”Ulah gampang nyerah dina tugas Sadérék.” Éta palajaran penting nu ditarima ku abdi, utamana ti Sadérék Nathan Knorr jeung Lyman Swingle. Urang dijurung pikeun tetep ngajalankeun tugas sanajan hésé. Ceuk Sadérék Knorr, ”Naon nu terus dipikiran ku Sadérék? Kotorna, seranggana, kamiskinanana? Atawa bakal merhatikeun tatangkalan, kekembangan, jeung raray nu barungah? Sadérék kudu nyaah ka jalma-jalmana!” Hiji poé waktu ngajelaskeun ku naon aya sadérék-sadérék nu gancang nyerah, Sadérék Swingle teu kuat nahan parasaanana nepi ka téréh ngeclakkeun cipanon. Manéhna eureun heula hutbahna nepi ka bisa tenang. Éta keuna pisan kana haté abdi. Abdi boga tékad embung nguciwakeun Kristus jeung dulur-dulurna nu satia.​—Mat. 25:40.

Abdi, Claude, jeung Heinrich basa jadi misionaris di Lubumbashi, Kongo, 1967

Waktu urang narima tugas, sababaraha anggota Bétel panasaran hayang nyaho urang ditugaskeun ka mana. Maranéhna méré komentar positif ka babaturan abdi, tapi pas abdi ngomong, ”Kongo (Kinshasa),” maranéhna cicing terus ngomong, ”Oh, Kongo! Mugia Sadérék disarengan ku Yéhuwa nya!” Harita, loba berita ngawartakeun yén di Kongo (Kinshasa), pendudukna keur pagétréng jeung silih paéhan. Tapi, nu dipikiran ku abdi mah palajaran ti Gilead. Sanggeus wisuda dina bulan Séptémber 1967, abdi, Heinrich Dehnbostel, jeung Claude Lindsay indit ka ibukota Kongo, Kinshasa.

TUGAS NU NGALATIH MISIONARIS

Pas nepi ka Kinshasa, urang diajar basa Prancis salila tilu bulan. Terus urang indit ka Lubumbashi, nu baheulana disebut Elisabethvile, di beulah kidul Kongo deukeut wates nagara Zambia. Tuluy urang nyicingan imah misionaris nu aya di tengah kota.

Harita, kalolobaan daérah di Lubumbashi can pernah diwawaran. Urang atoh pisan lantaran jadi nu mimiti ngawawar ka loba penduduk di dinya. Teu lila, urang boga loba pisan palajar Alkitab nepi ka kawalahan. Urang ogé ngawawar ka pagawé pamaréntah atawa pulisi. Loba nu ngajénan Firman Allah jeung pangwawaran urang. Kalolobaan jalma ngomong basa Swahili. Jadi, abdi jeung Claude Lindsay diajar basa Swahili. Geus kitu, abdi ditugaskeun ka sidang basa Swahili.

Sanajan urang boga loba pangalaman alus, aya ogé tangtanganana. Urang sering panggih jeung prajurit mabok nu mamawa bedil atawa pulisi nu sok néang-néang piributeun. Maranéhna nuduh urang nu henteu-henteu. Sakali waktu, sapasukan pulisi ngagerebeg pasamoan jeung imah misionaris. Urang dibawa ka kantor pulisi pusat, tuluy dititah diuk dina taneuh nepi ka jam sapuluh peuting. Geus kitu, urang dititah balik.

Taun 1969, abdi ditugaskeun jadi pangawas distrik. Wilayahna kaasup daérah nu loba leutak jeung jujukutan nu jarangkung, ieu téh geus biasa di Afrika mah. Di hiji désa, tempat saré abdi téh di kolongna aya hayam bikang jeung anak-anakna. Abdi moal poho kumaha récokna éta hayam ngahudangkeun abdi unggal subuh. Tapi, lamun inget deui abdi peuting-peuting osok ngabahas bebeneran Alkitab jeung sadérék-sadérék bari siduru, mani waas téh.

Salah sahiji tangtangan nu pangbeuratna téh nyaéta nyanghareupan dulur-dulur palsu, nu ngadukung gerakan Kitawala. * Sababaraha ti antara maranéhna jadi anggota sidang, malahan jadi kokolot. Maranéhna téh saperti ”batu-batu nu teu katingali”, tapi sadérék-sadérék teu katipu. (Yud. 12, Terjemahan Dunia Baru) Ahirna, Yéhuwa ngabersihan sidang, malah beuki loba jalma jadi Saksi.

Taun 1971, abdi ditugaskeun ka kantor cabang di Kinshasa. Di dinya abdi ngurus rupa-rupa tugas, saperti ngurus surat-surat, pesenan bacaan, jeung urusan dines. Di Bétel, abdi diajar pikeun ngaorganisasi pagawéan di nagri nu gedé tapi nu sarana umumna teu alus. Sakapeung, surat ti kantor cabang bisa nepi ka sidang mangbulan-bulan. Suratna dikirim maké pesawat, tuluy dikirim maké parahu nu teu bisa maju mangminggu-minggu lantaran caina pinuh ku écéng gondok. Sanajan nyanghareupan tangtangan ieu jeung tangtangan séjénna, sagalana bisa réngsé.

Abdi tajub pisan ningali sadérék-sadérék nyiapkeun kongrés gedé ku saeutik biaya. Maranéhna nyieun panggung tina sayang rinyuh, nyieun dingding tina jukut gajah, geus kitu nyieun bantal keur diuk tina jukut gajah nu digulung. Terus, maranéhna nyieun tihang-tihang tina awi jeung nganyam eurih keur hateup atawa méjana. Lantaran euweuh paku, tihang-tihang éta ditalian ku kulit kai. Abdi muji ka sadérék-sadérék ieu nu teu gampang nyerah jeung kréatif. Abdi jadi nyaah pisan ka maranéhna. Abdi ngarasa kaleungitan waktu ninggalkeun maranéhna indit ka tempat tugas nu anyar!

TUGAS DI KENYA

Taun 1974, abdi ditugaskeun ka kantor cabang Kenya di Nairobi. Loba pisan nu kudu digawékeun lantaran kantor cabang Kenya ngawaskeun sapuluh nagri nu di antarana téh ngalarang kagiatan urang. Abdi sering ditugaskeun ngadatangan nagri-nagri éta, utamana Etiopia. Di ditu, dulur-dulur urang ngalaman panganiayaan jeung tangtangan beurat séjénna. Loba nu dikaniaya ku cara nu kejem atawa dipanjarakeun, malah aya nu dipaéhan. Tapi maranéhna tetep tabah jeung satia lantaran boga hubungan nu akrab jeung Yéhuwa sarta dulur saiman.

Taun 1980, abdi gumbira pisan waktu kawin jeung Gail Matheson, urang Kanada. Gail jeung abdi sakelas di Sekolah Gilead. Abdi duaan sok susuratan. Gail ditugaskeun sabagé misionaris di Bolivia. Sanggeus 12 taun pisah, abdi duaan panggih deui di New York. Teu lila, urang nikah di Kenya. Abdi bungah pisan bisa babarengan jeung Gail lantaran manéhna jalma rohani nu ngarasa puas kana kahirupanana. Abdi deudeuh ka manéhna lantaran terus ngadukung abdi jeung jadi sobat nu nyaah ka abdi.

Taun 1986, abdi ditugaskeun jadi pangawas distrik bari ngawula sabagé Panitia Cabang. Tugas ieu kaasup ngadatangan nagri-nagri nu diawaskeun ku kantor cabang Kenya.

Keur hutbah dina kongrés di Asmara, 1992

Abdi moal poho kana kajadian waktu nyiapkeun kongrés di Asmara (di Eritrea) dina taun 1992. Basa éta kagiatan urang dilarang di dinya. Harita urang ngan bisa meunangkeun lumbung, bari jeung bagian jero jeung luarna téh teu kaurus. Tapi, pas waktuna kongrés, abdi tajub pisan ningali parobahan tempat éta nu jadi alus jeung layak digunakeun pikeun ibadah ka Yéhuwa. Loba kulawarga nu ngahaja mawa kaén nu alus keur nutupan bagian gudang nu kaciri sareukseuk. Urang resep tur bungah bisa ngayakeun kongrés nu hadirinna 1.279 urang.

Lantaran jadi pangawas distrik téh kudu pipindahan, abdi duaan sok meunang tempat pamondokan nu béda-béda. Sakapeung urang cicing di vila méwah nu nyanghareup ka basisir, tapi sakapeung urang cicing di imah nu dijieun tina séng, bari jeung jambanna téh leuwih ti 100 méter jauhna. Tapi, teu sual di mana abdi duaan ngawula, nu teu bisa dipopohokeun mah ngawawar bareng jeung pawarta sarta panaratas nu sarumanget. Waktu meunang tugas anyar, abdi sok sono ka sobat-sobat nu dipikanyaah éta.

NARIMA BERKAH DI ETIOPIA

Ti taun 1987 nepi ka taun 1992, kagiatan urang dibébaskeun di sababaraha nagri nu diawaskeun ku kantor cabang Kenya. Hasilna, sababaraha nagri ngadegkeun kantor cabang sorangan. Dina taun 1993, abdi duaan ditugaskeun ka kantor cabang Etiopia di Addis Ababa, nu pamaréntahna geus ngabébaskeun kagiatan urang, padahal puluhan taun saacanna mah urang dilarang.

Waktu keur jadi pangawas distrik di padésaan Etiopia, 1996

Yéhuwa ngaberkahan kagiatan di Etiopia. Loba sadérék jadi panaratas. Leuwih ti 20 persén pawarta jadi panaratas biasa unggal taunna ti taun 2012. Salian ti éta, sakola-sakola téokratis diayakeun pikeun ngalatih para panaratas, jeung leuwih ti 120 Balé Karajaan geus diwangun. Taun 2004, anggota kulawarga Bétel dipindahkeun ka fasilitas nu anyar jeung di dinya ogé diwangun Balé Kongrés. Ieu bukti kagiatan urang diberkahan.

Salila mangtaun-taun, abdi jeung Gail bungah bisa nyobat jeung sadérék-sadérék di Etiopia. Abdi duaan nyaah pisan ka maranéhna lantaran bageur jeung nyaahan. Ka dieunakeun, abdi duaan boga masalah kaséhatan, jadi dipindahkeun ka Kantor Cabang Eropa Tengah. Di dieu, abdi duaan bener-bener diurus, sanajan kitu abdi sok sono ka sobat-sobat di Etiopia.

YÉHUWA NU NUMUWUHKEUN

Abdi duaan ngalaman sorangan kumaha Yéhuwa numuwuhkeun kagiatan pangwawaran. (1 Kor 3:6, 9) Contona, basa abdi mimiti ngawawar ka urang Rwanda nu digawé di tambang tambaga di Kongo, euweuh pawarta di Rwanda. Ayeuna, aya leuwih ti 30.000 dulur saiman di Rwanda. Dina taun 1967, di Kongo (Kinshasa) aya kira-kira 6.000 pawarta. Ayeuna aya kira-kira 230.000 pawarta, jeung leuwih ti sajuta jalma nu datang ka Pangéling-éling dina taun 2018. Di sakabéh nagri nu diawaskeun ku kantor cabang Kenya, total pawartana ningkat jadi leuwih ti 100.000.

Leuwih ti 50 taun katukang, Yéhuwa ngagunakeun sadérék-sadérék pikeun ngabantu abdi ngamimitian dines sapinuh waktu. Sanajan ayeuna masih kénéh ngupayakeun sangkan teu éraan, abdi diajar pikeun terus ngandelkeun Yéhuwa. Pangalaman di Afrika ngabantu abdi jadi sabar jeung ngarasa puas. Abdi jeung Gail muji pisan ka sadérék-sadérék nu soméah, teu gampang nyerah, jeung ngandelkeun Yéhuwa. Abdi nganuhunkeun pisan kana kahadéan Yéhuwa nu luar biasa. Berkah ti Yéhuwa ngaleuwihan angen-angen abdi.​—Jab 37:4.

^ par. 11 Ka dieunakeun disebut Pelayanan Kerajaan Kita nu ayeuna diganti jadi Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan.

^ par. 23 ”Kitawala” asalna tina istilah Swahili nu hartina ”ngawasaan, ngatur, atawa maréntah”. Ieu téh gerakan pulitik nu hayang Kongo merdéka ti Belgia. Kelompok Kitawala nyokot, diajar, jeung nyebarkeun publikasi Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna ogé muter balik pangajaran Alkitab supaya ngadukung pandangan pulitik, prakték spiritisme, jeung cara hirup maranéhna nu cabul.