Saha Raja ti Pamaréntahan Allah?
Gusti geus nitah sababaraha jalma nu nulis Alkitab pikeun ngajelaskeun ciri-ciri pribadi nu bakal jadi Raja dina Pamaréntahan Allah. Raja ieu téh bakal
-
Dipilih ku Allah. ”Kami geus ngangkat hiji raja . . . Pok penta ka Kami, eta sakabeh bangsa teh, tangtu baris diselehkeun ka hidep, sarta sakuliah jagat nya hidep anu boga.”—Jabur 2:6, 8.
-
Turunan Raja Daud. ”Geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget . . . Kakawasaanana moal aya tungtungna. Karajaanana bakal aman sapapanjangna. Marentahna bakal sakumaha Raja Daud. Kakawasaanana napak dina bener jeung adil.”—Yesaya 9:6, 7.
-
Lahir di Bétléhém. ”Bétléhém, . . . Ti maranéh bakal muncul saurang jalma nu bakal jadi pangawasa . . . kahébatanana bakal kawentar nepi ka tungtung bumi.”—Mika 5:2, 4, NW.
-
Ditampik jeung dihukum pati ku jalma-jalma. ”Anjeunna . . . ku urang teu dipalire, dianggap teu aya . . . Anjeunna nandangan hukuman, sangkan urang disalametkeun, anjeunna raraheut, sangkan urang dicageurkeun.”—Yesaya 53:3, 5.
-
Dihirupkeun deui jeung dimulyakeun. ”Ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot. . . . Aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.”—Jabur 16:10, 11.
Isa Al-Masih téh Pangawasa nu Panghadéna
Sapanjang sajarah umat manusa, ngan aya hiji jalma nu minuhan kabéh rincian tadi, nyaéta Isa Al-Masih. Saurang malaikat pernah ngomong ka Maria, indungna Isa, ”Manéhna ku Allah Yéhuwa bakal dibéré tahta Daud, karuhunna, . . . Pamaréntahanana moal aya tungtungna.”—Lukas 1:31-33.
Isa teu pernah jadi pangawasa di bumi, sabalikna Isa maréntah ti sawarga sabagé Raja tina Pamaréntahan Allah. Ku naon Isa téh pangawasa nu hadé? Perhatikeun naon nu Isa lakukeun salila di bumi.
-
Matius 9:36; Markus 10:16) Waktu aya jalma nu keuna panyakit lépra ngomong, ”Lamun daék, Juragan bisa nyageurkeun”, Isa téh langsung karunyaeun sarta nyageurkeun manéhna.—Markus 1:40-42.
Isa nyaahan ka jalma-jalma. Isa nulungan lalaki, awéwé, nu ngora jeung nu kolot, teu sual maranéhna téh beunghar atawa miskin. ( -
Isa ngajarkeun carana nyenangkeun Allah. Anjeunna ngomong, ”Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh.” Anjeunna ogé nyebutkeun yén naon waé nu dipiharep ku urang ti batur, urang kudu ngalampahkeunana ogé ka batur. Isa ogé ngajarkeun yén Allah merhatikeun naon nu urang pikirkeun jeung rasakeun. Jadi pikeun nyenangkeun Allah, urang kudu ngajaga parasaan urang. (Matius 5:28; 6:24; 7:12) Isa ngajarkeun, supaya urang bener-bener bagja, urang kudu diajar ngeunaan kahayang Allah jeung ngalakukeun hal éta.—Lukas 11:28.
-
Isa ngajarkeun carana mikanyaah. Kekecapan jeung lalampahan Isa téh ngageuing haté jalma-jalma. ”Jalma-jalma tarajub kana cara manéhna ngajar cara jalma nu boga wewenang.” (Matius 7:28, 29, catatan handap) Isa ngajarkeun, ”Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh.” Malahan Isa ngadoakeun jalma-jalma nu hayang maéhan manéhna, ”Bapa, hampura maranéhna, sabab maranéhna teu ngarti naon nu dilakukeunana.”—Matius 5:44; Lukas 23:34.
Isa téh boga sipat-sipat nu alus pikeun jadi pangawasa nu hadé, Isa téh resep nulungan jeung nyaahan. Tapi iraha Isa mulai maréntah?