Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Anjeun nu Milih Rék Hirup Siga Kumaha

Anjeun nu Milih Rék Hirup Siga Kumaha

NAHA ANJEUN BISA NANGTUKEUN KAHIRUPAN ANJEUN KA HAREUPNA? Sababaraha jalma percaya mun kahirupan téh geus ditakdirkeun, teu bisa ditangtukeun ku sorangan. Mun gagal ngahontal tujuanana, maranéhna sok ngomong, ”Mémang geus takdirna abdi teu bisa ngahontal tujuan ieu!”

Ari jalma-jalma séjénna kuciwa waktu ningali kajahatan jeung kaayaan nu teu adil téh teu béak-béak. Meureun maranéhna geus upaya ngarobah kahirupanana jadi leuwih hadé. Tapi perang, kajahatan, musibat alam, jeung panyakit teterusan nyieun rencanana gagal. Tungtungna maranéhna mikir, ’Geus, pasrah wé lah.’

Mémang kahirupan urang téh dipangaruhan ku kaayaan di sakuriling urang. (Pandita 9:11 a) Tapi anjeun dibéré kasempetan pikeun hirup abadi, éta téh pilihan anjeun. Malah ceuk Kitab Suci, kahirupan urang ka hareupna téh gumantung kana putusan urang.

Musa, nabi nu mingpin bangsa Israél di jaman baheula, méré nyaho éta bangsa carana asup ka Tanah Perjangjian: ”Mana anu rék dipilih ku maranéh ti Yéhuwa, berkah-Na atawa panyapa-Na, rék milih hirup atawa rék milih paéh. Pilih anu pijamugaeun! Supaya maranéh jeung turunan maranéh bisa terus hirup. Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ngadéngékeun paréntah-Na, sarta terus satia ka Anjeunna.”​Pamindo 30:15, 19, 20.

”Mana anu rék dipilih ku maranéh ti Yéhuwa, berkah-Na atawa panyapa-Na, rék milih hirup atawa rék milih paéh. Pilih anu pijamugaeun!”​—Pamindo 30:19

Allah ngabébaskeun bangsa Israél nu tadina digawé paksa di Mesir. Maranéhna dibéré kasempetan pikeun bébas jeung hirup bagja di Tanah Perjangjian. Tapi éta kabéh teu otomatis. Supaya bisa meunangkeun éta berkah, maranéhna kudu milih hirup. Kumaha carana? Ku cara ”nyaah ka Yéhuwa, . . . ngadéngékeun paréntah-Na, sarta terus satia ka Anjeunna”.

Ayeuna, anjeun ogé boga pilihan nu sarua. Pilihan anjeun téh nangtukeun kahirupan anjeun engkéna. Anjeun bisa hirup abadi di planét bumi, lamun anjeun nyaah ka Allah, ngadéngékeun paréntah-Na, jeung tetep satia ka Anjeunna. Tapi kumaha carana anjeun ngajalankeun tilu hal tadi?

MILIH PIKEUN NYAAH KA ALLAH

Sipat Allah nu pangutamana téh nyaéta kanyaah. Rasul Yahya nulis, ”Allah téh kanyaah.” (1 Yahya 4:8) Ku kituna waktu ditanya naon paréntah nu pangpentingna, Isa ngajawab, ”Maranéh kudu nyaah ka Yéhuwa, Allah maranéh, ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa, jeung sakabéh pikiran.” (Matius 22:37) Jadi, hubungan urang jeung Allah Yéhuwa téh kudu dumasar kana kanyaah, lain ku lantaran urang sieun atawa ngan saukur taat. Jadi ku naon urang kudu milih pikeun nyaah ka Allah?

Kanyaah Yéhuwa ka umat manusa téh sarua siga kanyaah kolot ka barudakna. Sanajan teu sampurna, kolot nu nyaahan téh bakal ngadidik, nyumangetan, ngadukung, jeung ngadisiplin barudakna lantaran hayang barudakna bagja jeung suksés. Naon nu dipiharep ku kolotna? Kolot ngan hayang barudakna nyaah ka maranéhna sarta ngalakukeun naon nu geus diajarkeun, lantaran éta keur kapentingan barudakna kénéh. Jadi asup akal lamun Bapa urang nu di sorga miharep urang ogé mikanyaah jeung ngahargaan kabéh nu geus dilakukeun ku Anjeunna keur urang.

NGADÉNGÉKEUN PARÉNTAHNA

Dina basa aslina, kecap ”ngadéngékeun” dina Alkitab sering ngamaksudkeun ”taat”. Ieu téh sarua siga kolot nu sok ngomong ka budakna, ”Déngékeun mun kolot ngomong téh.” Jadi maksudna ngadéngékeun Allah téh, nyaéta diajar jeung taat kana nu diomongkeun ku Anjeunna. Mémang urang teu bisa ngadéngékeun sora Allah, tapi urang bisa ngadéngékeun sora Anjeunna ku cara maca jeung ngalampahkeun kekecapan dina Firman-Na.​—1 Yahya 5:3.

Pikeun nandeskeun pentingna ngadéngékeun paréntah Allah, Isa ngomong, ”Manusa téh hirup lain ku dahareun hungkul, tapi ogé ku unggal kekecapan Yéhuwa.” (Matius 4:4) Diajar kekecapan Yéhuwa téh leuwih penting tibatan dahareun. Ku naon? Raja nu bijaksana nu ngaranna Sulaéman ngomong, ”Mun boga kanyaho kana hikmah, matak salamet hirup.” (Pandita 7:12) Pangaweruh jeung kabijaksanaan ti Allah téh bisa ngalindungan urang jeung mantuan urang pikeun nyieun putusan nu bijaksana nu bakal nungtun kana kahirupan nu langgeng.

TERUS SATIA KA ANJEUNNA

Naha anjeun inget kana ibarat nu disebutkeun ku Isa dina artikel saacanna? Ibaratna téh, ”Gerbang nu sempit jeung jalan nu heurin mah brasna kana kahirupan, ngan saeutik nu manggihanana.” (Matius 7:13, 14) Mun rék leumpang di jalan nu siga kitu, tangtu urang kudu nuturkeun jalma nu geus kenal kana jalanna supaya bisa nepi ka tujuan. Tujuan urang téh hirup langgeng. Supaya bisa hirup langgeng, urang kudu terus nyobat jeung Gusti. (Jabur 16:8) Kumaha carana?

Unggal poé, aya loba nu perlu urang lakukeun. Aya ogé rencana-rencana nu kudu digawékeun. Mun kagiatan éta jadi hal-hal nu pangpentingna, éta bisa ngaganggu atawa méakkeun waktu urang nu sakuduna dipaké pikeun mikirkeun paréntah Allah. Ku kituna, Kitab Suci ngingetkeun urang, ”Ku kituna, terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana, ulah jadi jalma nu teu bijaksana. Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna, sabab jaman kiwari téh jahat.” (Éfésus 5:15, 16) Jadi hal nu paling penting keur urang téh ngajaga hubungan urang jeung Allah tetep raket.​—Matius 6:33.

ANJEUN NU MILIH

Sanajan urang teu bisa ngarobah kajadian-kajadian nu geus liwat, aya nu bisa urang lakukeun supaya kahirupan urang jeung jalma-jalma nu dipikanyaah ku urang leuwih hadé. Kitab Suci méré nyaho, Bapa urang, Allah Yéhuwa, nyaah pisan ka urang jeung méré nyaho naon nu dipiharep ku Anjeunna ti urang. Perhatikeun kekecapan nabi Mika ieu,

”PANGERAN ka urang geus nerangkeun naon nu hade. Anu ku Mantenna dipundut ti urang nya eta: urang kudu migawé kaadilan, kudu nembongkeun kanyaah salilana, sarta hirup ngahiji jeung Allah urang kalawan handap asor.”​Mika 6:8.

Naha anjeun daék narima uleman ti Yéhuwa ieu pikeun ngahiji sareng Anjeunna jeung narima berkah-berkah nu langgeng nu geus disadiakeun ku Yéhuwa keur anjeun? Anjeun nu milih!

[Catetan Handap]

a Kutipan ayat tina Kitab Pandita, Jabur jeung Mika dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.