Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

TETEP TABAH WAKTU DITINGGAL MAOT

Nu Bisa Kaalaman

Nu Bisa Kaalaman

Unggal jalma boga carana masing-masing dina nunjukkeun kasedih. Jalma nu teterusan ceurik can tangtu leuwih sedih tibatan jalma nu katingalina teger, kitu ogé sabalikna. Biasana mah cara hiji jalma ngungkabkeun kasedihna dipangaruhan ku budayana, sipat-sipatna, pangalaman hirupna, sarta naon nu nyababkeun jalma nu dipikanyaah éta maot.

SAGEDÉ KUMAHA PANGARUHNA?

Jalma nu keur sungkawa téh bisa jadi can apal naon nu bakal kaalaman sanggeus manéhna ditinggal maot. Pék perhatikeun sababaraha hal nu biasana kaalaman sarta dirasakeun ku maranéhna.

Parasaan sedih nu kacida. Jalma nu sungkawa sok ceurik jeung ngarasa sono ka nu ngantunkeun. Parasaanana gé bisa gancang barobah. Lamun keur inget atawa ngimpikeun jalma nu geus ngantunkeun, parasaan éta bisa beuki parah. Mimitina urang meureun reuwas jeung teu percaya. Saurang awéwé nu ngaranna Tina nyaritakeun kumaha réaksina waktu Timo, salakina, ngadadak maot. Manéhna ngomong, ”Mimitina abdi soak pisan. Rék ceurik gé teu bisa. Abdi reuwas pisan nepi ka ngarasa eungap. Abdi teu percaya ieu bisa kajadian.”

Parasaan hariwang, ambek, jeung rumasa salah. Ivan nyaritakeun, ”Budak urang, Erik, maot basa umur 24 taun. Sanggeusna, abdi jeung pamajikan abdi, Yolanda, ngarasa ambek pisan. Urang téh héran lantaran biasana mah urang tara ambek-ambekan. Urang gé rumasa salah lantaran urang ngarasa sakuduna urang bisa nulungan budak urang.” Alejandro ngarasakeun nu sarua. Pamajikanana ngantunkeun lantaran geus lila gering. Ceuk manéhna, ”Mimitina abdi ngarasa Gusti téh ngantep abdi sangsara siga kieu pédah abdi lain jelema bener. Tapi sanggeusna abdi kaduhung lantaran geus nyalahkeun Gusti.” Kostas anu disebutkeun saacanna nyarita, ”Sakapeung abdi ngarasa keuheul ka Sofia lantaran manéhna téga ngantunkeun abdi. Tapi sanggeusna abdi ngarasa kaduhung, da éta mah lain salah manéhna.”

Pikiran jadi pabaliut. Sakapeung pikiran jalma nu keur sungkawa téh jadi kacow jeung teu asup akal. Contona, nu keur sungkawa ngarasa yén kulawarga atawa sobat anu geus ngantunkeun téh aya kénéh bareng jeung manéhna. Bisa jadi, manéhna gé hésé konséntrasi atawa jadi pohoan. Tina nyarita, ”Sakapeung waktu keur ngobrol, pikiran abdi téh sok ka mana karep, sok inget deui kana kajadian basa Timo maot. Abdi jadi strés lantaran teu bisa konséntrasi.”

Sok hayang nyorangan. Jalma nu keur sungkawa téh babari ambek jeung osok ngarasa karagok mun keur bareng jeung batur. Kostas nyarita, ”Lamun abdi keur bareng jeung salaki pamajikan séjénna, abdi téh asa ngarasa sorangan. Tapi, abdi gé ngarasa karagok mun keur babarengan jeung nu léngoh.” Yolanda, pamajikanana Ivan, ngomong, ”Abdi sok keuheul da mun ngadéngékeun batur kukulutus kana hal-hal nu teu sapira. Kitu deui waktu aya nu nyaritakeun ngeunaan budakna. Abdi milu bungah sih, tapi abdi gé sok jadi sedih lantaran inget ka anak abdi. Sabenerna, abdi jeung Ivan embung ngarasa siga kieu terus, tapi éta téh hésé.”

Masalah kaséhatan. Loba jalma sok jadi teu napsu dahar, beurat badan naék-turun, jeung saréna gé kaganggu. Andre nyaritakeun kaayaanana sataun sanggeus bapana maot, ”Abdi téh sok hésé saré. Terus unggal peuting gé abdi sok ujug-ujug hudang lantaran inget ka si Bapa.”

Alejandro nyaritakeun yén manéhna téh pernah gering, tapi teu puguh gering naon. Ceuk manéhna, ”Abdi geus sababaraha kali ka dokter. Tapi ceuk dokter mah abdi téh séhat. Sigana mah abdi gering kitu téh lantaran ngarasa kaleungitan pisan.” Sanajan kitu, putusan Alejandro pikeun indit ka dokter téh bijaksana. Parasaan sungkawa mémang bisa ngalemahkeun imun urang, malahan ngalantarankeun urang jadi gering atawa panyakit urang jadi beuki parah.

Kawalahan dina ngurus hal-hal penting. Ivan nyarita, ”Sanggeus Erik ngantunkeun, urang téh kudu méré nyaho loba jalma, lain ngan baraya jeung babaturan hungkul, tapi ogé bosna jeung nu boga kontrakan. Can deui dokumén anu kudu dieusian. Terus urang gé kudu mérésan barang-barang Erik. Ngalakukeun ieu kabéh téh kudu konséntrasi, padahal pikiran, awak, jeung émosi urang téh keur capé pisan.”

Tapi keur nu séjénna mah tangtanganana kakara karasa waktu maranéhna kudu ngurus hal-hal nu baheulana diurus ku jalma nu ngantunkeun. Éta nu kaalaman ku Tina. Manéhna nyarita, ”Baheula Timo nu sok ngurus urusan bank sarta usaha urang duaan. Tapi ayeuna mah éta kabéh jadi tanggung jawab abdi. Ieu nu matak strés téh. Sigana abdi moal sanggup.”

Ngaleungitkeun parasaan sedih téh bisa jadi hésé lantaran urang geus béak tanaga, capé pikiran, jeung capé haté. Kapeurih lantaran ditinggal maot téh mémang beurat. Tapi lamun urang nyaho naon nu biasana kaalaman ku jalma nu keur sungkawa, éta bisa ngabantu urang supaya leuwih tabah. Sing inget, teu kabéh jalma bakal ngalaman kabéh hal nu disebutkeun tadi. Sanajan kitu, urang bisa digedékeun haténa lantaran nyaho yén parasaan sedih nu kaalaman ku urang téh hal nu wajar.

ABDI BISA BUNGAH DEUI TEU?

Hal nu bisa kaalaman: Parasaan peurih nu kacida téh moal teterusan aya, lila-lila gé bakal ngurangan. Ieu téh lain hartina urang moal bakal ngarasa sedih deui atawa mopohokeun kulawarga jeung sobat nu geus ngantunkeun. Sakapeung, parasaan sedih téh bisa waé ujug-ujug muncul, komo deui dina waktu-waktu husus, siga ulang taun perkawinan. Tapi, kalolobaan jalma ahirna bisa leuwih tenang jeung ngajalankeun kagiatan sapopoé siga biasana. Éta téh lantaran didukung ku kulawarga jeung sobat sarta ngupayakeun sabisa-bisana pikeun pulih deui.

Iraha bisa pulihna? Aya jalma nu butuh mangbulan-bulan supaya bisa ngarasa leuwih tenang. Tapi, aya ogé nu butuh leuwih loba waktu, malahan mah nepi ka mangtaun-taun. a Alejandro ngomong, ”Ari abdi mah butuh waktu tilu taun nepi parasaan sedih abdi bisa ngurangan.”

Sing sabar ka diri sorangan. Ulah pati hariwang teuing isukan bakal kumaha sarta gawékeun hal nu bisa dilakukeun ayeuna. Hayu urang bahas naon waé nu bisa dilakukeun supaya teu teterusan sedih.

Kapeurih lantaran ditinggal maot téh mémang beurat

a Aya sababaraha jalma nu ngarasa sedih pisan jeung kasedihna teu leungit-leungit. Lamun éta beuki parah, maranéhna bisa jadi butuh bantuan ti ahli kaséhatan méntal.