Yunus 4:1-11
4 Tapi ku hal éta, Yunus kalah ka keuheul jeung ambek pisan.
2 Tuluy manéhna ngadoa ka Yéhuwa, ”Yéhuwa, waktu abdi aya di nagri abdi, abdi geus nyangka bakal siga kieu, da abdi apal Anjeun téh Allah nu karunyaan jeung welas asih, nu teu gancang ambek jeung nyaahan* pisan, nu teu resep ngadatangkeun hukuman. Éta sababna, harita abdi rék kabur ka Tarsyis.
3 Tos ayeuna mah, cabut wéh nyawa abdi, Yéhuwa. Mending kénéh paéh tibatan hirup.”
4 Yéhuwa nanya, ”Mémangna pantes manéh ambek siga kitu?”
5 Geus kitu, Yunus kaluar ti kota éta, tuluy diuk di wétaneunana. Manéhna nyieun saung tuluy diuk jeung ngiuhan di dinya bari ngawas-ngawas kota éta bakal kumaha.
6 Tuluy, aya pepelakan waluh* nu dijadikeun ku Allah Yéhuwa. Yunus diiuhan ku pepelakan éta, jadi manéhna teu kapanasan deui. Yunus téh resep pisan kana pepelakan éta.
7 Tapi poé isukna, subuh-subuh kénéh, Allah nu bener ngadatangkeun hiji hileud. Pepelakan waluh éta diruksak ku hileud éta nepi ka garing.
8 Sanggeus panonpoé medal, Allah ngadatangkeun angin panas ti wétan. Panas panonpoé nyebrot kana sirah Yunus nepi ka manéhna téréh kapaéhan. Manéhna terus méménta supaya paéh, ceuk manéhna, ”Tibatan hirup kieu mah mending kénéh paéh.”
9 Allah nanya ka Yunus, ”Mémangna pantes manéh ambek pédah pepelakan waluh éta?”
Manéhna némbalan, ”Nya pantes atuh abdi ambek, ambek nepi ka hayang paéh.”
10 Yéhuwa ngomong deui, ”Manéh manglebarkeun pepelakan waluh éta, padahal lain manéh nu melak jeung ngajadikeunana. Pepelakan éta jadi dina sapeuting, peuting isukna geus paéh deui.
11 Nya geus sakuduna atuh Kuring gé ngarasa lebar ka Niniwé, kota nu gedé éta. Di dinya téh aya leuwih ti 120.000 urang nu teu nyaho mana nu bener mana nu salah,* jaba maranéhna boga loba sasatoan.”
Catetan Tambihan
^ Atawa ”nu satia”.
^ Atawa bisa jadi ”tangkal jarak”.
^ Atawa ”teu bisa ngabédakeun leungeun kénca jeung leungeun katuhu”.