Yunus 2:1-10
2 Di jero beuteung éta lauk, Yunus ngadoa ka Yéhuwa Allahna,
2 ”Waktu keur susah, abdi sasambat ka Yéhuwa, jeung ku Anjeunna dijawab.
Waktu téréh maot,* abdi ngajerit ménta tulung,
jeung ku Gusti sora abdi didangu.
3 Waktu Gusti ngalungkeun abdi ka tempat nu jero, ka tengah-tengah laut,Abdi dilingkung ku cai,
Jeung digulung ku ombak nu kuat.
4 Ceuk pamikir téh, ’Abdi geus dipiceun ti payuneun Gusti!
Rék kumaha abdi bisa ningali deui bait Gusti nu suci?’
5 Abdi digulung ku cai nepi ka téréh maot.
Abdi tilelep di laut nu jero.
Sirah kabeulit ku jukut laut.
6 Abdi tilelep ka dasar laut,*
Ka kuburan* anu lawangna geus ditutup salilana.
Tapi Gusti ngajait* abdi ti jero kuburan, nun Yéhuwa, Allah abdi.
7 Waktu abdi ngarasa nyawa téréh leungit, nu diinget ku abdi téh Yéhuwa.
Tuluy doa abdi didangu ku Gusti di bait Gusti nu suci.
8 Jalma-jalma nu nyarembah berhala nu taya gunana geus ninggalkeun Gusti nu nunjukkeun asih nu satia ka maranéhna.*
9 Tapi abdi mah badé nyanggakeun korban bari ngucap sukur ka Gusti.
Sagala nu geus diikrarkeun bakal dilaksanakeun ku abdi.
Kasalametan téh asalna ngan ti Yéhuwa.”
10 Ahirna, Yéhuwa maréntahkeun lauk téa sangkan Yunus diutahkeun ka darat.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”Ti jero Kuburan; Ti Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
^ As. ”dasar gunung-gunung”.
^ As. ”bumi”.
^ Atawa ”ngangkat”.
^ Atawa bisa jadi ”geus teu satia deui ka Gusti”.