Yunus 1:1-17

  • Yunus rék kabur ti Yéhuwa (1-3)

  • Yéhuwa ngadatangkeun angin ribut (4-6)

  • Yunus nu nyababkeun kasusahan éta (7-13)

  • Yunus dialungkeun ka laut motah (14-16)

  • Yunus dilegleg ku lauk nu gedé pisan (17)

1  Yéhuwa ngomong kieu ka Yunus* anak Amitai, 2  ”Cengkat, jig indit ka Niniwé, kota nu gedé téa, jeung umumkeun ka urang dinya yén kota éta bakal diancurkeun, sabab Kuring geus ningali kalakuan maranéhna nu jahat.” 3  Tapi Yunus teu nurut ka Yéhuwa, kalah ka kabur ka Tarsyis. Manéhna ka Yopa jeung manggihan kapal nu rék ka Tarsyis. Sanggeus mayar ongkos, manéhna milu balayar ka Tarsyis, teu ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. 4  Tuluy, Yéhuwa ngadatangkeun angin ribut di laut nu kacida gedéna nepi ka kapalna téréh tilelep. 5  Para pagawé kapal sarieuneun pisan. Kabéhanana sasambat ménta tulung ka allahna masing-masing. Muatan kapal ku maranéhna dipiceunan ka laut ngarah kapalna hampang. Ari Yunus mah harita keur saré tibra pisan di bagian handap kapal. 6  Kaptén kapal nyampeurkeun manéhna jeung ngomong kieu, ”Naha ngadon saré? Geura hudang, sok sasambat ka Allah manéh! Sugan wéh Allah nu bener karunyaeun ka urang, jadi urang bisa salamet.” 7  Geus kitu, kabéhanana ngaromong kieu, ”Geus, ayeuna mah urang undi wéh, ngarah nyaho saha nu nyababkeun kasusahan ieu.” Jadi maranéhna ngalungkeun undi. Ari pék téh undina nuduhkeun ka Yunus. 8  Maranéhna ngomong, ”Cik terus terang, bener kasusahan ieu téh gara-gara manéh? Pagawéan manéh téh naon, asal ti mana? Manéh téh ti bangsa mana, jeung ti suku bangsa mana?” 9  Manéhna ngajawab, ”Urang téh urang Ibrani. Urang nyembah* Yéhuwa, Allah nu ngawasaan sorga, nu nyieun daratan jeung lautan.” 10  Tuluy, Yunus méré nyaho yén manéhna téh teu ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Ngadéngé kitu, maranéhna jadi beuki sarieuneun jeung ngomong kieu, ”Ku naon manéh téh nepi ka wani kitu?” 11  Lantaran lautna beuki motah, maranéhna ngomong ka Yunus, ”Urang kudu kumaha atuh ka manéh ngarah lautna tenang?” 12  Manéhna ngajawab, ”Lamun hayang lautna tenang, alungkeun urang ka laut, da urang nyaho angin ribut ieu téh gara-gara urang.” 13  Sanajan kitu, maranéhna haben baé ngadayung, nyoba nyisikeun kapal ka darat, tapi teu bisa da angin di laut téh beuki ngamuk. 14  Ku kituna maranéhna sasambat ka Yéhuwa, ”Duh Yéhuwa, mugia abdi sadaya teu binasa ku lantaran jalma ieu! Abdi sadaya ulah disina tanggung jawab lantaran maéhan jalma nu teu salah, sabab ieu téh sajalan jeung kahoyong Anjeun, nun Yéhuwa.” 15  Geus kitu, Yunus digotong ku maranéhna, lung dialungkeun ka laut. Rep laut téh jadi tenang. 16  Para pagawé kapal jadi kacida sarieuneunana ka Yéhuwa nepi ka méré korban ka Yéhuwa jeung ngucapkeun ikrar. 17  Tuluy, Yéhuwa ngirim lauk nu gedé pisan sina ngalegleg Yunus. Tilu poé tilu peuting Yunus aya di jero beuteung éta lauk.

Catetan Tambihan

Hartina ”Japati”.
As. ”sieun ka”.