Nu Ditulis ku Yahya 12:1-50

  • Maryam ngucurkeun minyak seungit ka suku Isa (1-11)

  • Isa disambut pas asup ka Yérusalém (12-19)

  • Isa méré nyaho bakal dipaéhan (20-37)

  • Urang Yahudi nu teu boga iman geus diramalkeun (38-43)

  • Isa datang rék nyalametkeun dunya (44-50)

12  Genep poé saacan Paskah, Isa nepi di Bétani, lemburna Lazarus, nu dihirupkeun deui ku Isa. 2  Di dinya, Isa diondang dahar peuting, diladénan ku Marta. Lazarus gé milu dahar. 3  Tuluy, Maryam nyokot minyak seungit tina narwastu murni, nu mahal pisan, kira-kira satengah liter.* Ku manéhna, éta dikucurkeun ka suku Isa terus diséka ku buukna. Seungitna nepi kaambeu saimah-imah. 4  Tapi, Yudas Iskariot, salah saurang murid nu sakeudeung deui ngahianat ka Isa, ngomong, 5  ”Ku naon minyak seungit téh lainna dijual 300 dinar* terus disidekahkeun ka nu mariskin?” 6  Manéhna ngomong kitu téh lainna karunya ka nu mariskin, tapi lantaran manéhna téh maling, nu sok maok tina kotak duit nu disimpen ku manéhna. 7  Tuluy ceuk Isa, ”Keun antepkeun. Manéhna ngalampahkeun ieu téh pikeun nyiapkeun poé pamakaman urang. 8  Nu mariskin mah aya waé di antara maranéh, ari urang moal salilana bareng jeung maranéh.” 9  Barang nyaho Isa aya di dinya, loba urang Yahudi daratang ka dinya. Maranéhna lain ngan saukur hayang nempo Isa, tapi ogé hayang nempo Lazarus nu geus dihirupkeun deui. 10  Ayeuna, imam-imam kapala gé mupakat rék maéhan Lazarus, 11  da gara-gara manéhna loba urang Yahudi daratang ka dinya jeung boga iman ka Isa. 12  Isukna, jalma réa nu daratang ka parayaan ngadéngé Isa datang ka Yérusalém. 13  Jadi, maranéhna ngaralaan palapah-palapah palem tuluy kalaluar manggihan manéhna. Maranéhna tinggarero, ”Mugia disalametkeun! Mugia diberkahan jalma nu datang mawa ngaran Yéhuwa, Raja Israél!” 14  Basa Isa manggihan hiji kaldé ngora, éta ditumpakan ku manéhna, sakumaha nu ditulis, 15  ”Tong sieun, putri Zion. Tuh tempo raja manéh geus datang, numpak anak kaldé.” 16  Mimitina mah murid-murid teu ngartieun, tapi waktu Isa dimulyakeun, maranéhna inget yén nu dilakukeun ku jalma-jalma téh luyu jeung naon nu ditulis ngeunaan manéhna. 17  Jalma-jalma, nu aya waktu Isa ngageroan Lazarus kaluar ti makam jeung hirup deui, terus méré kasaksian ngeunaan kajadian éta. 18  Lantaran ngadéngé Isa nyieun mujijat éta, jalma réa hayang panggih jeung manéhna. 19  Jadi urang Farisi ngomong jeung pada baturna, ”Tuh tempo, rencana urang gagal. Saalam dunya nuturkeun manéhna.” 20  Aya sababaraha urang Yunani nu datang ka parayaan éta pikeun ibadah. 21  Maranéhna ngadeukeutan Filipus, nu asalna ti Bétsaida di Galiléa, jeung ménta kieu, ”Pa, urang-urang hayang panggih jeung Isa.” 22  Filipus ngabéjaan Andréas, geus kitu duanana bébéja ka Isa. 23  Tapi Isa ngajawab maranéhna, ”Ayeuna, geus waktuna Putra manusa dimulyakeun. 24  Urang ngomong nu sabener-benerna, lamun gandum sasiki henteu ragrag kana taneuh jeung paéh, éta tetep gandum sasiki. Lamun paéh, éta bakal ngahasilkeun loba gandum. 25  Saha waé nu lebar kana nyawana bakal ngabinasakeun nyawana, tapi saha waé nu réla kaleungitan* nyawana di dunya ieu bakal nyalametkeun nyawana ngarah bisa hirup langgeng. 26  Saha waé nu daék ngalalayanan urang, manéhna kudu nuturkeun urang, jeung di mana aya urang, manéhna gé aya di dinya. Saha waé nu daék ngalalayanan urang, manéhna bakal dihormat ku Bapa. 27  Ayeuna urang ngarasa susah haté. Urang kudu ngomong naon deui? Bapa, salametkeun abdi tina mangsa kasusah ieu. Tapi abdi mémang kudu ngalaman mangsa kasusah ieu. 28  Bapa, mulyakeun nami Bapa.” Tuluy aya sora ti langit, ”Ku Kuring geus dimulyakeun jeung bakal dimulyakeun deui.” 29  Jalma réa nu narangtung di dinya ngadéngé sora éta. Aya nu ngomong éta téh sora guludug. Tapi ceuk nu séjén, ”Aya malaikat nu ngomong ka manéhna.” 30  Isa ngajawab, ”Sora ieu kadéngé téh lain keur urang, tapi keur maranéh. 31  Ayeuna, dunya ieu keur dihakiman, jeung pangawasa dunya ieu bakal disingkirkeun. 32  Tapi lamun urang diangkat ti bumi, urang bakal narik sagala rupa jalma sina ka urang.” 33  Sabenerna, manéhna ngomong kitu téh pikeun nerangkeun kumaha manéhna maot. 34  Tuluy jalma réa némbalan, ”Numutkeun Torét, Al-Masih téh bakal aya salilana. Ku naon manéh bet nyebut Putra manusa kudu diangkat? Saha Putra manusa téh?” 35  Jadi ceuk Isa, ”Caang téh aya di antara maranéh kari sakeudeung deui. Jung leumpang meungpeung masih kénéh aya caang, ngarah poék teu ngawasaan maranéh. Nu leumpang di nu poék mah teu nyaho rék indit ka mana. 36  Meungpeung masih kénéh aya caang, maranéh kudu boga iman ka caang éta, supaya maranéh jadi putra-putra caang.” Sanggeus ngomong kitu, Isa indit jeung nyumput ti maranéhna. 37  Sanajan Isa nyieun loba mujijat di hareupeun maranéhna, tetep waé maranéhna teu boga iman ka manéhna. 38  Jadi kekecapan Nabi Yésaya ieu laksana, ”Yéhuwa, saha nu boga iman kana warta nu didéngé ti urang-urang? Jeung, ka saha kawasa panangan Yéhuwa rék ditémbongkeun?” 39  Alesan maranéhna teu percaya téh disebutkeun ogé ku Yésaya, nyaéta, 40  ”Ku Anjeunna panon maranéhna dilolongkeun jeung haténa diheuraskeun, balukarna maranéhna moal bisa ningali ku panonna jeung moal bisa ngarti ku haténa, sarta moal balik ka Anjeunna tuluy dicageurkeun.” 41  Yésaya ngomong kitu ngeunaan Al-Masih téh lantaran ningali kamulyaanana. 42  Najan kitu, loba pangawasa boga iman ka manéhna, tapi teu terus terang lantaran teu wani ka urang Farisi da sieun dikaluarkeun ti tempat ibadah. 43  Maranéhna leuwih resep dimulyakeun ku manusa tibatan dimulyakeun ku Allah. 44  Isa ngomong ku sora nu tarik, ”Anu boga iman ka urang, imanna téh lain ka urang hungkul, tapi ogé ka Anjeunna nu ngutus urang, 45  jeung nu nénjo ka urang, nénjo ogé ka Anjeunna nu ngutus urang. 46  Urang téh caang nu datang ka dunya, jadi saha waé nu boga iman ka urang moal terus aya di nu poék. 47  Saha waé nu ngadéngékeun urang tapi teu ngalampahkeunana moal dihakiman ku urang. Urang datang téh lain rék ngahakiman dunya, tapi rék nyalametkeun dunya. 48  Aya nu bakal ngahakiman saha waé nu teu merhatikeun jeung nampik omongan urang. Naon nu geus diucapkeun ku urang, éta nu bakal ngahakiman maranéhna dina poé panungtungan. 49  Naon nu diucapkeun ku urang lain ucapan urang sorangan, tapi Bapa nu ngutus urang geus maréntahkeun naon nu kudu diucapkeun jeung diajarkeun. 50  Urang nyaho paréntah-Na téh mawa hirup langgeng. Jadi naon nu diucapkeun ku urang, éta téh naon nu diucapkeun Bapa ka urang.”

Catetan Tambihan

As. ”hiji pon”. Ieu téh ukuran pon Romawi, kira-kira 327 g.
As. ”ijid kana”.