Siloka 24:1-34

  • Ulah sirik ka nu jahat (1)

  • Rumah tangga dibangun ku kabijaksanaan (3)

  • Jalma bener bisa waé tibeubeut, tapi bakal hudang deui (16)

  • Ulah ngabales kajahatan batur (29)

  • Nu saré waé bakal miskin (33, 34)

24  Ulah sirik ka nu jahat,Jeung ulah hayang boga babaturan modél kitu,  2  Da niat haténa téh jahat waé,Jeung ucap-ucapna téh picilakaeun batur.  3  Rumah tangga* dibangun ku kabijaksanaan,Diajegkeun ku pangarti.  4  Ku kanyaho,* kamar-kamarna dipinuhanSagala rupa barang nu aralus jeung marahal.  5  Jalma bijaksana téh jalma nu kuat. Jeung ku kanyaho,* hiji jalma jadi beuki kuat.  6  Rék perang téh kudu ménta naséhat heula ti jalma nu bijaksana.*Lamun loba jurunaséhat, tangtu unggul.*  7  Jalma bodo mah moal bisa meunangkeun kabijaksanaan nu sajati. Manéhna moal bisa ngomong nanaon di gerbang kota.  8  Jalma nu ngararancang kajahatanBakal disebut gegedugna kajahatan.  9  Rencana jalma bodo* téh pidosaeun. Jalma nu sok moyokan téh dipikangéwa ku batur. 10  Lamun manéh leutik haté waktu keur susah,*Kakuatan manéh bakal béak. 11  Mun aya jelema nu dibawa rék dipaéhan, geuwat salametkeun. Mun aya nu leumpang sasampoyongan kana kabinasaan, geuwat halangan. 12  Mun manéh ngomong, ”Da urang mah teu nyaho nanaon,” Ceuk pamikir manéh, Allah nu mariksa haté* téh teu nyahoeun kitu? Anjeunna nu nilik-nilik manéh téh nyahoeunSarta bakal ngabales unggal jelema satimpal jeung kalakuanana. 13  Anaking, pék dahar madu, alus éta téh. Madu tina sayang nyiruan téh amis karasana. 14  Kabijaksanaan ogé alus. Mun manéh bijaksana, mangsa ka hareup téh gumilang. Harepan manéh gé moal sirna. 15  Ulah cara jalma jahat nu ngaréka rék nyerang imahna jalma bener,Ulah ngaruksak tempat reureuhna, 16  Sabab jalma bener mah saupama tibeubeut nepi ka tujuh kali gé tangtu hudang deui,Ari nu jahat mah bakal ancur lebur ku bahla. 17  Ulah gumbira lamun musuh cilaka,Ulah bungah lamun manéhna tijungkel. 18  Mun manéh kitu, Yéhuwa téh ningali, Anjeunna teu resepeun. Musuh manéh gé moal dipikangéwa deui ku Anjeunna. 19  Ulah jéngkél* ka jalma bejad,Ulah sirik ka jalma jahat, 20  Sabab nu bejad mah teu boga harepan,Nu jahat gé ibarat lampu nu pes pareum. 21  Anaking, sing hormat* ka Yéhuwa jeung ka raja. Ulah gaul jeung jalma nu sok barontak,* 22  Sabab maranéhna bakal ujug-ujug ditarajang ku bahla. Aya kitu nu nyaho bahla siga kumaha nu bakal didatangkeun ku duanana* keur maranéhna? 23  Jalma nu bijaksana gé ngomong kieu: Teu hadé lamun beurat sabeulah waktu ngahakiman. 24  Lamun aya nu ngomong kieu ka nu jahat, ”Manéh teu salah,” Éta jalma bakal dikutuk jeung disumpahan ku bangsa-bangsa. 25  Tapi nu negor jalma jahat mah bakal makmur,Manéhna bakal diberkahan ku sagala nu hadé. 26  Jalma nu ngajawabna jujur bakal dihormat.* 27  Urus heula sagala pagawéan di luar jeung siapkeun sagalana di lahan manéh,Sanggeusna kakara manéh ngabangun imah.* 28  Ulah jadi saksi nu teu pupuguh ngalawan batur, Omongan téh ulah nyasabkeun. 29  Tong ngomong kieu, ”Manéhna gé kitu ka aing,Nya rék dibales satimpal ku aing.” 30  Bapa ngaliwat ka lahanna jalma kedul,Ka kebon anggurna jalma nu kurang pangarti. 31  Éta mah meni pinuh ku eurih,Taneuhna katutup ku rungkun cucuk,Témbokna gé geus rugrug. 32  Sanggeus ditempo, seug ku Bapa kapikir. Sanggeus ningali, ieu palajaranana: 33  Saré sakeudeung deui, peureum sakeudeung deui,Gégéléhéan* sakeudeung deui. 34  Pék wéh, kamiskinan bakal ujug-ujug datang kawas rampog. Kakurangan bakal narajang kawas jalma nu mawa senjata.

Catetan Tambihan

Atawa ”Imah”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”pangaweruh”.
Atawa ”ménta bingbingan ti jalma nu tarampil”.
Atawa ”tangtu salamet”.
Atawa ”Rencana bodo”.
Atawa ”waktu boga masalah”.
Atawa ”niat haté”.
Atawa ”panas haté”.
As. ”kudu sieun”.
Atawa ”nu keukeuh hayang aya parobahan”.
Maksudna, Yéhuwa jeung raja.
Atawa bisa jadi ”Méré jawaban nu terus terang téh ibarat nyium”.
Atawa ”rumah tangga”.
As. ”Leungeunna disidakepkeun”.