Pamindo 17:1-20

  • Kurban teu meunang aya cacadna (1)

  • Lamun aya nu murtad (2-7)

  • Perkara nu hésé diputusna (8-13)

  • Pituduh keur raja nu engké bakal maréntah (14-20)

    • Raja kudu nyalin Torét (18)

17  ”Maranéh teu meunang ngurbankeun sapi atawa domba nu aya cacadna ka Yéhuwa Allah maranéh, sabab éta téh dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh. 2  ”Bisa jadi, di salah sahiji kota nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh téh aya lalaki atawa awéwé nu ngalampahkeun naon waé nu jahat dina pandangan Yéhuwa Allah maranéh sarta ngalanggar perjangjian jeung Anjeunna. 3  Tuluy manéhna nyimpang, nyembah ka allah-allah séjén, sarta sujud ka maranéhna, atawa ka panonpoé, atawa ka bulan, atawa ka sagala rupa nu aya di langit, padahal geus puguh dilarang ku kuring. 4  Waktu ngadéngé laporan atawa perkara siga kitu, pék silidik bener-bener ku maranéh. Lamun bener aya nu ngalampahkeun hal pikageuleuheun siga kitu di Israél, 5  bawa jalma nu ngalampahkeun éta kajahatan ka gerbang kota, tuluy balédogan nepi ka paéh. 6  Tapi saméméh dihukum paéh, kudu aya katerangan heula ti dua atawa tilu saksi. Lamun saksina ngan saurang, ulah tulus dipaéhan. 7  Anu kudu malédogan ti heula téh saksi-saksi téa, geus kitu balédogan ku saréréa. Maranéh kudu nyingkirkeun sagala nu jahat ti antara maranéh. 8  ”Lamun di kota-kota maranéh aya perkara nu hésé diputusna, misalna perkara maéhan jalma, perkara hak milik, perkara kakerasan, atawa perkara-perkara séjénna, maranéh kudu indit ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh. 9  Panggihan para imam Léwi jeung hakim nu keur tugas, pék pénta pituduh ti maranéhna. Engké, maranéhna bakal nyieun putusan keur perkara maranéh. 10  Putusan maranéhna, nu diputuskeun di tempat nu dipilih ku Yéhuwa, kudu dijalankeun ku maranéh. Sing taliti ngajalankeun sakabéh pituduh maranéhna. 11  Jalankeun hukum nu dituduhkeun jeung putusan nu dijieun ku maranéhna. Ulah ingkar tina putusan nu ditepikeun ku maranéhna. 12  Lamun aya jalma nu lancang, teu nurut kana putusan hakim atawa imam nu ngalalayanan Yéhuwa Allah maranéh, manéhna kudu dipaéhan. Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti Israél. 13  Seug éta bakal kadéngé ku kabéh jalma, tuluy maranéhna bakal sieuneun. Ku kituna, moal aya nu wani lancang deui. 14  ”Lamun maranéh geus asup ka tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, geus ngarebut éta tanah, sarta matuh di dinya, seug maranéh ngomong, ’Hayu urang ngangkat raja kawas bangsa-bangsa di sabudeureun urang,’ 15  maranéh kudu ngangkat raja nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh. Raja nu diangkat téh kudu ti sasama urang Israél. Urang asing nu teu sabangsa jeung maranéh teu meunang diangkat jadi raja. 16  Tapi, éta raja teu meunang boga loba kuda atawa nitah rahayatna balik deui ka Mesir ngarah bisa meunang kuda leuwih loba, lantaran Yéhuwa geus ngabéjaan, ’Maranéh teu meunang balik deui ka Mesir.’ 17  Manéhna teu meunang boga loba pamajikan, sangkan manéhna teu ninggalkeun Allah. Manéhna gé teu meunang boga loba teuing emas jeung pérak. 18  Lamun geus jadi raja, manéhna kudu nyalin Torét kana buku,* nyaéta Torét nu disimpen ku para imam Léwi. 19  ”Éta buku salinan ulah jauh ti raja. Éta kudu dibaca saumur hirup, supaya manéhna bisa diajar hormat* ka Yéhuwa Allahna sarta ngajalankeun sakabéh paréntah jeung aturan nu aya dina Torét. 20  Ku kituna, manéhna moal ngarasa leuwih punjul tibatan urang Israél séjénna sarta moal ingkar tina paréntah-paréntah éta. Jadi, manéhna jeung turunanana bisa lila maréntah di Israél.

Catetan Tambihan

Atawa ”gulungan”.
As. ”sieun”.