Nu Ditulis ku Matius 7:1-29

  • HUTBAH DI GUNUNG (1-27)

    • Tong sok ngahakiman (1-6)

    • Tong eureun ménta, néangan, ngetrok (7-11)

    • Aturan Emas (12)

    • Gerbang nu sempit (13, 14)

    • Kaciri tina buahna (15-23)

    • Imah di luhureun cadas, imah di luhureun keusik (24-27)

  • Jalma-jalma tajub kana pangajaran Isa (28, 29)

7  ”Tong sok ngahakiman batur ngarah maranéh gé teu dihakiman, 2  sabab cara nu dipaké ku maranéh keur ngahakiman batur, bakal dipaké ogé keur ngahakiman maranéh, jeung takeran nu dipaké ku maranéh keur ngukur batur bakal dipaké ogé keur ngukur maranéh. 3  Jadi, ku naon manéh nilik-nilik jarami dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan teu katempo? 4  Atawa, pantes teu manéh ngomong kieu ka dulur, ’Cik ka dieu, urang cokot éta jarami tina panon manéh,’ padahal dina panon sorangan aya balok? 5  Éh, jalma nu munapék! Piceun heula balok dina panon manéh kakara manéh bisa ningali jelas jarami nu rék dicokot tina panon dulur manéh. 6  ”Ulah mikeun barang suci ka anjing atawa mutiara ka babi, ngarah éta teu ditincakan tuluy satona malik ngarontok maranéh. 7  ”Tong eureun ménta, tangtu dibéré; tong eureun néangan, pasti kapanggih; tong eureun ngetrok, pasti pantona dibuka, 8  sabab saha waé anu ménta bakal dibéré, saha waé anu néangan bakal manggih, jeung saha waé anu ngetrok bakal dipangmukakeun. 9  Cik, aya kitu bapa nu téga méré batu ka budakna nu ménta roti? 10  Atawa mun budakna ménta lauk, piraku dibéré oray! 11  Jadi, lamun maranéh nu boga dosa waé gé nyaho méré nu hadé ka budak, komo deui Bapa nu di sorga! Anjeunna pasti méré hal-hal nu hadé ka jalma nu ménta. 12  ”Naon waé nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur. Éta nu diajarkeun ku Torét jeung Kitab Para Nabi. 13  ”Heug arasup ka gerbang nu sempit, sabab gerbang nu rubak jeung jalan nu lega mah brasna kana kabinasaan sarta loba nu arasup ka dinya. 14  Tapi, gerbang nu sempit jeung jalan nu heurin mah brasna kana kahirupan, ngan saeutik nu manggihanana. 15  ”Ati-ati ka nabi-nabi palsu nu api-apina domba padahal mah ajag nu hawek. 16  Maranéhna bisa kanyahoan tina buahna.* Euweuh nu ngala anggur tina rungkun cucuk atawa ngala buah ara tina jujukutan, pan? 17  Kitu ogé, tangkal nu alus tangtu buahna alus, tangkal nu goréng tangtu buahna gé goréng. 18  Teu mungkin atuh tangkal nu alus buahna goréng, atawa tangkal nu goréng buahna alus. 19  Kabéh tangkal nu buahna goréng bakal dituar tuluy diduruk. 20  Jadi, maranéhna bisa kaciri tina buahna.* 21  ”Nu bakal asup ka Pamaréntahan sorga téh lain jalma nu nyebut urang, ’Juragan, Juragan,’ tapi ngan jalma nu ngalampahkeun kahayang Bapa nu di sorga. 22  Dina poé éta, loba nu ngomong, ’Juragan, Juragan, abdi pan geus ngaramal ku ngaran Juragan, geus ngusir roh jahat ku ngaran Juragan, geus nyieun mujijat ku ngaran Juragan ogé?’ 23  Tapi ku urang bakal dijawab, ’Urang teu wawuh ka maranéh! Nyaringkah siah, jelema-jelema doraka!’ 24  ”Saha waé nu ngadéngé tuluy ngalampahkeun omongan urang, disaruakeun jeung jalma bijaksana nu ngabangun imahna di luhureun cadas. 25  Waktu breg hujan gedé, imahna kateumbrag ku caah jeung katebak ku angin puyuh, tapi tetep nagen da dibangunna di luhureun cadas. 26  Sabalikna, saha waé nu ngadéngé omongan urang tapi teu ngalampahkeunana disaruakeun jeung jalma bodo nu ngabangun imahna di luhureun keusik. 27  Waktu breg hujan gedé, imahna kateumbrag ku caah jeung katebak ku angin puyuh, tuluy runtuh, ruksak paburantak.” 28  Sanggeus Isa bérés ngomong, jalma-jalma tarajub kana cara manéhna ngajar 29  lantaran pangajaran manéhna asalna ti Allah,* teu siga ahli-ahli Torét.

Catetan Tambihan

Atawa ”kalakuanana”.
Atawa ”kalakuanana”.
As. ”manéhna ngajar cara jalma nu boga wewenang”.