Kajadian 1:1-31
1 Mimitina, Allah nyiptakeun langit jeung bumi.
2 Harita, di bumi téh can aya nanaon jeung kosong. Di mana-mana ngan aya cai nu jero,* jeung kaayaanana téh poék. Tanaga* Allah ka ditu ka dieu di luhureun cai.
3 Allah ngomong, ”Sing aya caang.” Geus kitu, bray baé caang.
4 Seug ku Allah ditingali caang téh alus, terus Allah misahkeun caang tina poék.
5 Ku Allah caang disebut Beurang, ari poék disebut Peuting. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kahiji.
6 Geus kitu Allah ngomong, ”Sing aya awang-awang* nu misahkeun cai jadi dua bagian. Awang-awang éta sina aya di tengah-tengahna.”
7 Tuluy, Allah nyieun awang-awang pikeun misahkeun cai nu di handap jeung nu di luhur. Seug baé éta kajadian.
8 Ku Allah awang-awang téh disebut Langit. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kadua.
9 Geus kitu Allah ngomong, ”Cai nu aya di handapeun langit sing ngumpul jadi satempat, jeung sing muncul taneuh nu garing.” Seug baé éta kajadian.
10 Taneuh nu garing téh ku Allah disebut Darat, ari cai nu ngumpul disebut Laut. Seug ku Allah ditingali, éta téh alus.
11 Tuluy Allah ngomong, ”Dina taneuh, sing jadi jujukutan, rupa-rupa pepelakan nu sikian, jeung tatangkalan nu baruahan, nu buahna sikian.” Seug baé éta kajadian.
12 Dina taneuh, seug jadi rupa-rupa jujukutan, pepelakan nu sikian, jeung tatangkalan nu baruahan, nu buahna sikian. Ku Allah ditingali, éta téh alus.
13 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu katilu.
14 Geus kitu Allah ngomong, ”Di langit, sing aya sumber-sumber caang pikeun ngabédakeun beurang jeung peuting, sarta pikeun nandakeun poé, taun, jeung usum-usum.*
15 Éta bakal jadi sumber-sumber caang di langit pikeun nyaangan bumi.” Seug baé éta kajadian.
16 Tuluy, Allah nyieun panonpoé jeung bulan.* Panonpoé keur nyaangan beurang, ari bulan keur nyaangan peuting. Béntang-béntang gé dijieun ku Allah.
17 Éta kabéh ku Allah ditempatkeun di langit sina nyaangan bumi,
18 nyaangan beurang jeung peuting, sarta misahkeun caang tina poék. Ku Allah ditingali, éta téh alus.
19 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kaopat.
20 Geus kitu Allah ngomong, ”Cai sing pinuh ku rupa-rupa sasatoan* nu hirup. Di langit, sing aya rupa-rupa sasatoan nu hiber.”
21 Tuluy, Allah nyiptakeun sagala rupa sasatoan laut nu galedé pisan, sasatoan* nu hirup di cai, sarta rupa-rupa sasatoan nu hiber nu jangjangan. Ku Allah ditingali, éta téh alus.
22 Allah ngaberkahan kabéhanana kieu, ”Sing aranakan jeung sing ngalobaan nepi ka minuhan laut. Sasatoan nu haliber gé sing ngalobaan di bumi.”
23 Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kalima.
24 Geus kitu Allah ngomong, ”Di bumi, sing aya rupa-rupa sasatoan,* sato piaraan, sato leuweung, jeung sato séjénna.”* Seug baé éta kajadian.
25 Tuluy, Allah nyieun rupa-rupa sato leuweung, rupa-rupa sato piaraan, jeung rupa-rupa sato séjénna.* Ku Allah ditingali éta téh alus.
26 Geus kitu Allah ngomong, ”Hayu urang nyieun manusa nu sarupa jeung urang, nu aya saruana jeung urang. Maranéhna sina ngawasaan lauk di laut, sato nu haliber di langit, sato piaraan, jeung sagala sato séjénna* di bumi. Maranéhna gé sina ngawasaan sakuliah bumi.”
27 Tuluy, Allah nyiptakeun manusa nu sarupa jeung Anjeunna. Allah nyiptakeun lalaki jeung awéwé nu sarupa jeung Anjeunna.
28 Sanggeusna, Allah ngaberkahan maranéhna tuluy ngomong, ”Sing loba anak, turunan maranéh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta ngawasaan éta. Kawasaan sato di laut, sato nu haliber di langit, jeung sato nu hirup di darat.”
29 Geus kitu Allah ngomong, ”Kuring geus nyadiakeun sagala rupa sisikian di sakuliah bumi jeung sagala tatangkalan nu buahna sikian. Éta kabéh téh keur dahareun maranéh.
30 Ari keur sakabéh sato leuweung, sakabéh sato nu haliber, jeung sakabéh sato* nu hirup di bumi, Kuring méré sagala pepelakan héjo keur parabna.” Seug baé éta kajadian.
31 Sanggeusna, Allah ningali kabéh nu dijieun ku Anjeunna téh alus pisan. Peuting jeung isuk geus liwat, éta poé nu kagenep.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”motah”.
^ Atawa ”Kawasa suci”.
^ Maksudna, atmosfér atawa angkasa.
^ Atawa ”usim-usim”.
^ As. ”dua sumber caang nu galedé”.
^ Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
^ Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
^ Kecap Ibranina bisa ngamaksudkeun sasatoan nu aya dina taneuh saperti beurit, réptil, jeung serangga.
^ Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.