Budalan 34:1-35

  • Musa nyiapkeun papan-papan batu anyar (1-4)

  • Musa ningali kamulyaan Yéhuwa (5-9)

  • Rincian perjangjian diucapkeun deui (10-28)

  • Beungeut Musa cahayaan (29-35)

34  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, ”Jieun dua papan batu kawas papan batu nu mimiti. Dina dua papan batu éta, Kuring bakal nulis kekecapan nu sarua siga dina papan batu nu mimiti, nu geus diancurkeun ku manéh. 2  Sok siap-siap. Isukan isuk-isuk, manéh kudu naék ka Gunung Sinai sarta ngadep ka Kuring di puncak gunung. 3  Ulah aya nu milu naék jeung teu meunang aya sasaha di éta gunung. Malah embé, domba, jeung sapi gé teu meunang nyaratu di éta gunung.” 4  Jadi Musa nyieun dua papan batu kawas nu mimiti. Manéhna hudang isuk-isuk, tuluy naék ka Gunung Sinai bari mawa dua papan batu éta, sakumaha paréntah Yéhuwa. 5  Yéhuwa turun dina awan tuluy nangtung di deukeut Musa. Anjeunna ngabéwarakeun yén ngaran-Na téh Yéhuwa.* 6  Yéhuwa ngaliwat di hareupeunana jeung ngomong, ”Yéhuwa, Yéhuwa, Allah nu welas asih jeung karunyaan, teu gancang ambek, nyaahan pisan,* bisa dipercaya,* 7  némbongkeun asih satia ka rébuan génerasi, sarta ngahampura kasalahan, palanggaran, jeung dosa, tapi teu ngantep jalma jahat bébas tina hukuman. Lamun aya jalma nu nyieun kasalahan, anak incu jeung buyutna bakal disina ngarasakeun balukarna ku Kuring.” 8  Bruk Musa sideku, seug sujud. 9  Tuluy Musa ngomong, ”Nun Yéhuwa, abdi terang abdi sadaya téh bangsa nu bedegong. Sanajan kitu, upami abdi dipikaresep ku Gusti, mugia Gusti kersa angkat nyarengan abdi sadaya. Nun Yéhuwa, mugia kalepatan sareng dosa abdi sadaya dihapunten. Tampi abdi sadaya jadi umat Gusti.” 10  Allah ngajawab, ”Kuring bakal nyieun perjangjian jeung maranéh. Kuring bakal nyieun mujijat-mujijat di hareupeun maranéh, nu teu pernah kajadian di sakuliah bumi atawa di antara bangsa-bangsa. Bangsa-bangsa di sakurilingeun maranéh bakal ningali tindakan Kuring, Yéhuwa, nyaéta tindakan anu kacida hébatna, anu dilakukeun ku Kuring keur maranéh. 11  ”Kuring bakal nyingkirkeun urang Amori, urang Kanaan, urang Hét, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus ti hareupeun maranéh. Sing inget kana paréntah Kuring ka manéh poé ieu. 12  Ulah nyieun perjangjian jeung penduduk di tanah nu bakal dituju ku maranéh, sabab éta bakal jadi jiret keur maranéh. 13  Ancurkeun mézbah-mézbah maranéhna. Runtuhkeun pilar-pilar suci* jeung tihang-tihang suci* maranéhna. 14  Ulah nyembah ka allah-allah séjén, lantaran Kuring, Yéhuwa, hayang maranéh ngabdi ngan ka Kuring hungkul.* Kuring téh Allah nu hayang umat Kuring ngabdi ngan ka Kuring hungkul. 15  Kadé, ulah nyieun perjangjian jeung penduduk di tanah éta. Sabab waktu maranéhna nyembah* jeung méré korban ka allah-allahna, maranéh pasti bakal diajakan, tuluy maranéh pasti bakal ngadahar korban nu dibikeun ku maranéhna. 16  Geus kitu, manéh bakal ngawinkeun anak-anak lalaki maranéh jeung anak-anak awéwé maranéhna. Engké waktu anak-anak awéwé maranéhna nyembah ka allah-allahna, heug anak-anak lalaki maranéh gé milu nyembah ka allah-allahna. 17  ”Ulah nyieun berhala.* 18  ”Dina waktu nu geus ditangtukeun dina bulan Abib,* maranéh kudu ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian, sabab dina bulan éta maranéh budal ti Mesir. Maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian salila tujuh poé, sakumaha paréntah Kuring. 19  ”Unggal anak cikal lalaki téh milik Kuring, kaasup anak cikal jalu sasatoan, boh sapi boh domba. 20  Unggal anak cikal kaldé kudu ditebus ku domba. Mun teu ditebus, beuheungna kudu dipalitekkeun nepi ka potong. Unggal anak cikal lalaki maranéh gé kudu ditebus. Teu meunang aya nu datang ka hareupeun Kuring bari teu mawa nanaon. 21  ”Salila genep poé maranéh meunang digawé, tapi dina poé katujuh maranéh kudu istirahat.* Sanajan keur waktuna ngawuluku* atawa panén gé, maranéh kudu istirahat. 22  ”Maranéh kudu ngayakeun Perayaan Minggu-Minggu sarta ngabaktikeun hasil panén gandum nu mimiti. Maranéh gé kudu ngayakeun Perayaan Ngumpulkeun Hasil Panén* dina ahir taun. 23  ”Sataun tilu kali, sakabéh lalaki kudu ngadep ka Yéhuwa, Gusti nu bener. 24  Waktu maranéh indit pikeun ngadep ka Yéhuwa Allah maranéh sataun tilu kali, moal aya nu ngarampas tanah maranéh. Kuring bakal nyingkirkeun bangsa-bangsa ti hareupeun maranéh sarta ngalegaan daérah maranéh. 25  ”Ulah ngabaktikeun getih sato bareng jeung naon waé nu maké ragi. Korban ti perayaan Paskah teu meunang nyésa nepi ka isuk. 26  ”Hasil panén nu mimiti jeung nu pangalusna kudu dibawa ka imah Yéhuwa Allah maranéh. ”Ulah ngulub daging anak embé ku cisusu indungna.” 27  Yéhuwa ngomong deui ka Musa, ”Tuliskeun kekecapan ieu, lantaran ieu téh nu jadi dasar perjangjian antara Kuring jeung manéh sarta Israél.” 28  Musa tetep aya di dinya bareng jeung Yéhuwa salila 40 poé 40 peuting. Manéhna teu dahar teu nginum. Tuluy Anjeunna nulis perjangjian éta dina dua papan batu. Éta disebut Sapuluh Paréntah. 29  Geus kitu, Musa turun ti Gunung Sinai bari mawa dua papan batu. Barang turun ti gunung, Musa teu nyahoeun beungeutna téh cahayaan lantaran geus ngomong jeung Allah. 30  Waktu Harun jeung sakabéh urang Israél ningali Musa, maranéhna teu wani nyampeurkeun Musa lantaran beungeutna téh cahayaan. 31  Tapi Musa ngageroan maranéhna. Jadi Harun jeung sakabéh pamingpin jamaah nyampeurkeun. Geus kitu Musa nyarita ka maranéhna. 32  Sanggeusna, sakabéh urang Israél nyampeurkeun. Tuluy Musa méré nyaho sakabéh paréntah nu geus dibikeun ku Yéhuwa di Gunung Sinai. 33  Unggal bérés ngomong jeung maranéhna, Musa nutupan beungeutna ku kaén. 34  Tapi unggal Musa asup ka kémah pikeun ngomong jeung Yéhuwa, kaénna dibuka. Sanggeus bérés, manéhna kaluar tuluy méré nyaho bangsa Israél sakabéh paréntah nu geus ditarima ku manéhna. 35  Urang Israél ningali beungeut Musa nu cahayaan, jadi Musa nutupan deui beungeutna ku kaén nepi ka manéhna asup ka kémah pikeun ngomong jeung Allah.

Catetan Tambihan

Maksudna, Yéhuwa méré nyaho yén Anjeunna téh Allah nu siga kumaha.
Atawa ”jembar ku asih satia”.
Atawa ”satia”.
Tingali Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Kuring, Yéhuwa, teu resep mun aya nu nandingan”.
As. ”ngalacur”.
Atawa ”berhala tina logam”.
Tingali Lamp. B15.
Atawa ”ngajalankeun sabat”.
Ngaguar taneuh maké wuluku.
Sok disebut ogé Perayaan Saung Daun, atawa Perayaan Tabernakel.