Budalan 22:1-31
22 ”Lamun aya nu maok sapi atawa domba tuluy dipeuncit atawa dijual, manéhna kudu ngaganti hiji sapi ku lima sapi, sarta hiji domba ku opat domba.
2 (”Lamun peuting-peuting aya nu kanyahoan maling tuluy diteunggeul nepi ka paéh, nu maéhanana teu dianggap salah.
3 Tapi lamun kajadianana sanggeus panonpoé medal, manéhna bakal dianggap salah.)
”Maling éta kudu mayar ganti rugi. Lamun manéhna teu boga nanaon, manéhna kudu dijual jadi budak beulian pikeun mayar ganti rugi.
4 Lamun nu dipaokna téh sapi atawa kaldé atawa domba, tuluy éta kabéh hirup kénéh jeung masih aya di manéhna, manéhna kudu mayar ganti rugi dua kalieun.
5 ”Lamun aya jalma mawa sato milikna ka kebon atawa lahan anggurna sorangan sina ngahakan jukut di dinya, tuluy éta sato asup ka kebon milik batur sarta ngahakan jukut di dinya, manéhna kudu mayar ganti rugi ku hasil nu panghadéna tina kebon atawa lahan anggurna sorangan.
6 ”Lamun aya nu ngahurungkeun seuneu, heug seuneuna ngarambat ka rungkun cucuk nepi ka ngaduruk beungkeutan gandum atawa pepelakan nu can diala atawa sakabéh kebon, manéhna kudu mayar ganti rugi naon nu geus kaduruk.
7 ”Lamun aya nu nitipkeun duit atawa barang ka baturna, tapi duit atawa barang éta dipaok ti imah baturna, tuluy nu maokna kapanggih, nu maokna kudu mayar ganti rugi dua kalieun.
8 Lamun nu maokna teu kapanggih, baturna éta kudu dibawa ka hareupeun Allah nu bener, supaya nyaho nu maokna téh manéhna atawa lain.
9 Lamun aya dua jalma hoghag ngaributkeun barang lantaran salah sahijina ngaku yén éta téh milikna, rék éta téh sapi, kaldé, domba, baju, atawa barang naon waé nu leungit, maranéhna duaan kudu indit ka hareupeun Allah nu bener supaya nyaho éta téh sabenerna boga saha. Allah bakal ngabéjaan saha nu salah. Tah jalma éta kudu mayar ganti rugi dua kalieun ka jalma nu hijina deui.
10 ”Lamun aya nu nitipkeun kaldé, sapi, domba, atawa ingon-ingon ka baturna, tuluy éta sato paéh, cilaka, atawa dipaling teu kanyahoan,
11 jalma nu dititipan kudu sumpah di hareupeun Yéhuwa yén sato éta teu dikukumaha ku manéhna. Nu boga sato éta kudu narima, tuluy jalma nu dititipan teu kudu mayar ganti rugi.
12 Tapi lamun satona dipaok waktu keur dijaga ku manéhna, manéhna kudu mayar ganti rugi ka nu bogana.
13 Lamun sato éta disasaak ku sato galak, jalma nu dititipan kudu mawa buktina. Ku kituna, manéhna teu kudu mayar ganti rugi.
14 ”Lamun aya nu nginjeum sato ka baturna, tuluy satona cilaka atawa paéh tapi teu kasaksian ku nu bogana, jalma nu nginjeumna kudu mayar ganti rugi.
15 Lamun nu bogana nyaksian, jalma éta teu kudu mayar ganti rugi. Lamun satona diséwa, duit séwana bakal jadi ganti rugina.
16 ”Lamun aya saurang lalaki ngagoda saurang parawan nu can tunangan, tuluy saré jeung awéwé éta, manéhna kudu kawin jeung awéwé éta. Manéhna gé kudu mayar maskawin.
17 Lamun bapana awéwé éta embungeun anakna dikawin, lalaki éta tetep kudu mayar saharga maskawin.
18 ”Awéwé nu jadi tukang sihir kudu dipaéhan.
19 ”Jalma nu ngalakukeun hubungan séks jeung sato kudu dipaéhan.
20 ”Jalma nu méré korban ka allah séjén salian ka Yéhuwa kudu dimusnakeun.
21 ”Ulah jahat atawa nindes ka urang asing nu cicing di antara maranéh, da maranéh gé pernah jadi urang asing di Mesir.
22 ”Ulah nyangsarakeun randa atawa budak yatim.*
23 Lamun maranéhna disangsara nepi ka sasambat ménta tulung ka Kuring, tangtu didéngékeun ku Kuring.
24 Amarah Kuring bakal ngagedur. Kuring bakal maéhan maranéh ku pedang. Pamajikan maranéh bakal jadi randa, sarta anak maranéh bakal jadi budak yatim.
25 ”Lamun maranéh nginjeumkeun duit ka umat Kuring nu miskin, ulah dibungaan. Maranéh teu meunang kawas tukang rénten.*
26 ”Lamun aya nu nginjeum duit ka maranéh, tuluy ku maranéh bajuna dicokot pikeun dijadikeun jaminan, pulangkeun éta ka manéhna saacan panonpoé surup.
27 Sabab éta téh baju hiji-hijina jang ngahaneutan awakna. Lamun bajuna teu dipulangkeun, manéhna rék saré maké naon? Waktu manéhna sasambat ménta tulung ka Kuring, tangtu didéngékeun ku Kuring, sabab Kuring téh welas asih.
28 ”Ulah nyumpahan* Allah atawa pamingpin bangsa maranéh.
29 ”Maranéh teu meunang asa-asa ngabaktikeun hasil panén sarta minyak jeung cianggur maranéh nu limpah. Anak cikal lalaki maranéh kudu dibaktikeun ka Kuring.
30 Maranéh kudu kieu ka anak cikal jalu sapi atawa domba: Salila tujuh poé, éta sato teu meunang leupas ti indungna. Tapi dina poé nu kadalapan, éta sato kudu dibaktikeun ka Kuring.
31 ”Maranéh kudu ngabuktikeun yén maranéh téh umat Kuring nu suci. Maranéh teu meunang ngadahar daging sato nu geus disasaak ku sato galak. Daging nu kawas kitu kudu diparabkeun ka anjing.