Ayub 23:1-17

  • Jawaban Ayub (1-17)

    • Ayub rék mawa perkarana ka hareupeun Allah (1-7)

    • Manéhna ngomong teu bisa manggihan Allah (8, 9)

    • ’Urang terus nuturkeun jeung tara nyimpang tina jalan-Na’ (11)

23  Ayub ngajawab,  2  ”Poé ieu gé urang rék ngungkabkeun kakeuheul da urang teu tarima.Urang terus udah-aduh nepi ka béak tanaga.  3  Coba mun urang nyaho Allah aya di mana! Ku urang rék disampeurkeun ka pamatuhana-Na.  4  Urang rék mawa perkara urang ka hareupeun Anjeunna,Tuluy rék dijéntrékeun kabéhanana.  5  Hayang nyaho kumaha Anjeunna rék ngajawab urang.Urang rék merhatikeun ucapana-Na.  6  Anjeunna rék ngalawan urang ku kakuatana-Na nu gedé, kitu? Moal, Anjeunna tangtu ngadéngékeun urang.  7  Jalma bener bakal ngabéréskeun kasusna di ditu, di hareupeun Anjeunna.Hakim urang bakal ngabébaskeun urang keur salilana.  8  Tapi barang ku urang ditéang ka wétan, Anjeunna teu aya.Ditéang ka kulon, angger teu kapanggih.  9  Waktu Anjeunna didamel di kalér, urang teu bisa ningali Anjeunna.Waktu Anjeunna ka kidul, angger kénéh urang teu ningali Anjeunna. 10  Najan kitu, Anjeunna terang jalan nu ditempuh ku urang. Sanggeus diuji ku Anjeunna, urang bakal jadi kawas emas murni. 11  Urang terus nuturkeun unggal léngkah-Na,Tara nyimpang tina jalan-Na. 12  Urang teu pernah ngalanggar paréntah nu diucapkeun ku Anjeunna, Malah ngalampahkeunana leuwih ti nu dipénta. 13  Mun Anjeunna geus mutuskeun, saha nu bisa ngahalang-halang? Mun Anjeunna boga kahayang, pasti dilaksanakeun. 14  Naon nu geus ditetepkeun keur urang, kabéhanana bakal dilaksanakeun ku Anjeunna.Loba nu sarupa kitu téh. 15  Ku sabab éta urang sieun ka Anjeunna.Lamun mikirkeun Anjeunna, urang jadi beuki sieun. 16  Ku karana Allah, urang jadi gimir.Ku karana Nu Mahakawasa, urang jadi sieun. 17  Tapi poék ngajumbleng moal ngabungkem urang,Najan éta nutupan beungeut urang.

Catetan Tambihan