Ayub 19:1-29
19 Ayub ngajawab kieu,
2 ”Rék nepi ka iraha maranéh nganyenyeri urang,*Ngaraheutan haté urang ku omongan maranéh?
3 Geus sapuluh kali maranéh nyarékan* urang.Teu éra maranéh nyalahkeun urang?
4 Barina gé mun enya urang salah,Éta urusan urang.
5 Lamun maranéh keukeuh ngarasa leuwih punjul ti urang,Nganggap urang mémang pantes dihina,
6 Maranéh kudu nyaho, Allah téh teu adil ka urang.Anjeunna ngajiret urang ku jaring.
7 Urang terus ngagorowok, ’Urang dikaniaya!’ tapi euweuh nu ngajawab.Urang terus ménta tulung, tapi euweuh nu ngabéla urang.
8 Jalan urang ku Anjeunna dihalangan ku témbok batu, urang jadi teu bisa ngaliwat.Jalan urang ku Anjeunna dilimpudan ku poék.
9 Anjeunna ngarampas kamulyaan urangSarta nyokot makuta tina sirah urang.
10 Anjeunna ngaremukkeun urang nepi ka musna.Harepan urang dirabut kawas tangkal.
11 Amarah Anjeunna ngagedur ka urang.Urang dianggap musuh ku Anjeunna.
12 Pasukan-Na ngepung urang.Maranéhna masang kémah di sakuriling kémah urang.
13 Dulur-dulur sorangan ku Anjeunna disina ngajauhan urang.Nu warawuh ka urang naringgalkeun urang.
14 Baraya urang teuing ka marana.Sobat-sobat urang mopohokeun urang.
15 Nu sok nganjang ka imah sarta para palayan awéwé jadi teu warawuh ka urang,Urang téh dianggap jalma asing.
16 Urang ngageroan palayan urang sarta méménta dipikarunya,Tapi manéhna teu némbal-némbal acan.
17 Pamajikan sorangan geuleuheun ka napas urang.Adi lanceuk gé embung deukeut-deukeut acan da baueun.
18 Malah ku barudak leutik gé urang disapirakeun.Waktu urang nangtung, maranéhna ngékéak.
19 Kabéh sobat dalit urang ngaréwaeun.Jalma-jalma nu dipikanyaah ku urang kalah ka malik ngalawan urang.
20 Awak urang kari tulang jeung kulit,Urang ampir-ampiran paéh.
21 Hé sobat-sobat, sing karunya ka urang, sing karunya atuh,Sabab urang diteunggeul ku Allah.
22 Ku naon maranéh teterusan nganiaya urang kawas Allah,Teu eureun-eureun nyerang urang?
23 Coba mun omongan urang dicatet,Coba mun ditulis dina buku,
24 Coba mun éta kabéh diukir dina batuMaké péna tina beusi jeung timah ngarah awét!
25 Urang nyaho pisan bakal aya nu nebus urang.Anjeunna bakal datang sarta nangtung di luhureun bumi.
26 Sanajan kulit béak, ruksak ku panyakit,Urang bakal nempo Allah salila urang hirup kénéh.
27 Anjeunna bakal katempo ku urang,Katempo ku panon urang sorangan, lain ku panon batur.
Tapi batin mah ngarasa capé!
28 Maranéh ngomong, ’Mémangna urang nganiaya manéhna?’
Saolah-olah kabéhanana téh salah urang sorangan.
29 Maranéh kudu sieun ku pedang,Lantaran mun maranéh salah, maranéh bakal dihukum ku pedang.Maranéh kudu nyaho yén hakim téh aya.”