Ayub 17:1-16

  • Ayub neruskeun omonganana (1-16)

    • ’Urang dikurilingan ku nu sok moyokan’ (2)

    • ’Urang ku Allah dijadikeun bahan sindiran’ (6)

    • ”Kuburan bakal jadi imah urang” (13)

17  ”Urang geus teu sumanget hirup, geus rék paéh.Urang geus didodoho ku kuburan.  2  Urang dikurilingan ku jalma-jalma nu sok moyokan.Urang kapaksa ningali kalakuan* jalma-jalma nu sok barontak.  3  Nun Gusti, mugia Gusti jangji pikeun ngadukung abdi. Upami sanés Gusti, saha deui nu bakal nulungan abdi?  4  Sabab pikiran maranéhna ku Gusti dipoékkeun sangkan teu baroga pamahaman.Nu matak maranéhna ku Gusti teu disina punjul.  5  Maranéhna barangbéré ka babaturanana,Tapi ari panon anak-anakna sorangan teu cékas lantaran kalaparan.  6  Urang ku Anjeunna dijadikeun bahan sindiran di antara jalma-jalma.Beungeut urang diciduhan ku maranéhna.  7  Panon urang jadi teu awas bakating ku sangsara-sangsarana.Awak gé jadi begang pisan.  8  Ningali kitu téh jalma nu bener mah olohok.Jalma nu teu salah mah teu resep babarengan jeung jalma nu teu kenal ka Allah.*  9  Jalma nu bener bakal terus ngalampahkeun nu bener.Jalma nu leungeunna bersih bakal leuwih satékah polah ngalampahkeun nu bener. 10  Tapi nya sok wéh ari maranéh rék terus nyawad urang mah,Da di antara maranéh euweuh nu bijaksana. 11  Hirup urang moal lila deui.Rencana jeung kahayang teu aya nu laksana. 12  Ku babaturan peuting dipajarkeun beurang.Ceuk maranéhna, ’Sakeudeung deui gé caang’, sidik nu katempo ku urang mah poék. 13  Lamun urang ngadagoan sakeudeung deui, Kuburan* bakal jadi imah urang.Di dinya urang bakal saré di nu poék. 14  Ka kuburan urang bakal ngagero, ’Bapa!’ Ka bilatung urang bakal ngagero, ’Ema! Tétéh!’ 15  Di mana harepan urang? Cik, saha anu mikir urang masih kénéh boga harepan? 16  Harepan urang bakal turun ka Kuburan.*Urang gé bakal milu turun ka dinya jadi kekebul.”

Catetan Tambihan

Atawa ”kapaksa cicing bareng jeung”.
Atawa ”nu murtad”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.