Urang Diajar Naon tina Para Wanita dina Alkitab?
Jawaban Alkitab
Urang bisa diajar hal-hal alus tina kisah para wanita nu ditulis dina Alkitab. (Rum 15:4; 2 Timoteus 3:16, 17) Artikel ieu bakal ngabahas sababaraha kisah ti maranéhna. Loba tuladan alus nu bisa diconto. Tapi, aya ogé conto goréng nu jadi palajaran keur urang.—1 Korinta 10:11; Ibrani 6:12.
Abigail
Saha Abigail téh? Manéhna téh pamajikan Nabal, saurang pria nu beunghar tapi kasar. Abigail mah bijaksana jeung rendah haté, manéhna gé geulis, boh jasmani boh rohani.—1 Samuel 25:2, 3.
Naon nu dilakukeunana? Tindakan Abigail bijaksana jeung sok ditimbang-timbang heula, ku kituna manéhna bisa nyingkahan masalah. Harita, Abigail jeung Nabal cicing di hiji daérah. Daud nu bakal jadi raja Israil téh keur jadi buronan jeung nyumput di dinya. Daud jeung baladna sok ngajaga ingon-ingon Nabal supaya teu dirampog. Sakali waktu, Daud ngutus palayanna pikeun ménta dahareun ka Nabal. Tapi, Nabal nolak ku cara nu kasar. Daud jadi ambek pisan. Ku kituna, Daud jeung baladna nyieun rencana rék maéhan Nabal sarta saeusi rumah tanggana.—1 Samuel 25:10-12, 22.
Sanggeus ngadéngé kalakuan salakina, Abigail langsung nyieun tindakan. Manéhna nitah palayan-palayanna nganteurkeun loba dahareun keur Daud jeung baladna. Terus manéhna gé ménta hampura ka Daud. (1 Samuel 25:14-19, 24-31) Waktu Daud ningali paméré, karendahan haté, jeung tindakan Abigail nu bijaksana, Daud jadi sadar yén Allah keur ngagunakeun Abigail supaya Daud teu jadi maéhan Nabal jeung rumah tanggana. (1 Samuel 25:32, 33) Teu lila Nabal maot, terus Abigail dijadikeun pamajikan ku Daud.—1 Samuel 25:37-41.
Urang diajar naon tina kisah Abigail? Sanajan geulis jeung beunghar, Abigail teu ngarasa diri penting. Demi ngupayakeun karukunan, manéhna réla ménta hampura sanajan lain manéhna nu nyieun salah. Dina kaayaan nu sulit, manéhna tetep kalem, nyieun tindakan nu bijaksana, wani, sarta ati-ati.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Ia Bertindak dengan Bijaksana”.
Débora
Saha Débora téh? Manéhna téh saurang nabi istri nu digunakeun ku Yéhuwa, Allahna bangsa Israil, pikeun nyingkabkeun kahoyong Mantenna. Manéhna gé digunakeun ku Allah pikeun ngurus masalah urang Israil.—Hakim 4:4, 5.
Naon nu dilakukeunana? Débora téh nabi istri nu wani ngadukung umat Allah. Ku bingbingan Allah, Débora nitah Barak pikeun mingpin tentara Israil ngalawan urang Kanaan. (Hakim 4:6, 7) Waktu diajak ku Barak, Débora teu jadi sieun terus nolak, tapi manéhna milu indit.—Hakim 4:8, 9.
Sanggeus Israil dibéré kaunggulan perang ku Allah, Débora milu nyieun kawih nu dinyanyikeun ku manéhna jeung Barak ngeunaan kaunggulan bangsa Israil. Dina éta kawih, Débora nyaritakeun ngeunaan Yaél, saurang awéwé nu wani dina ngabantu nalukkeun urang Kanaan.—Hakim pasal 5.
Urang diajar naon tina kisah Débora? Débora téh wani jeung réla nyieun pangorbanan. Manéhna ngajurung batur pikeun ngalakukeun hal nu bener dina pandangan Allah. Manéhna gé teu asa-asa muji batur nu geus nyieun kahadéan.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Aku Bangkit Sebagai Ibu di Israel” dina majalah Menara Pengawal 1 Agustus 2015.
Délila
Saha Délila téh? Manéhna téh awéwé nu dipikacinta ku hakim Israil nu ngaranna Simson.—Hakim 16:4, 5.
Naon nu dilakukeunana? Manéhna narima duit ti pamingpin urang Pélisti pikeun ngahianat ka Simson, padahal Simson téh digunakeun ku Allah pikeun nyalametkeun Israil ti urang Pélisti. Urang Pélisti teu bisa ngéléhkeun Simson lantaran manéhna boga kakuatan nu luar biasa hébat. (Hakim 13:5) Jadi, para pamingpin Pélisti ménta tulung ka Délila.
Urang Pélisti nyogok Délila sina néangan ti mana Simson meunang kakuatan nu luar biasa. Délila narima duitna, terus sanggeus sababaraha kali ngolo Simson, ahirna Simson ngabolékérkeun rasiahna. (Hakim 16:15-17) Éta rasiah ditepikeun ka urang Pélisti, sanggeusna Simson ditéwak jeung dipanjara.—Hakim 16:18-21.
Urang diajar naon tina kisah Délila? Délila téh conto goréng nu kudu disingkahan. Bakating ku hawek jeung mentingkeun diri, manéhna nepi ka nipu jeung ngahianat ka hamba Allah Yéhuwa.
Éster
Saha Éster téh? Manéhna téh urang Yahudi nu dijadikeun ratu ku Raja Ahaswéros ti Pérsia.
Naon nu dilakukeunana? Ratu Éster ngagunakeun kawasana supaya bangsana teu dibinasakeun. Manéhna apal yén raja geus ngesahkeun hiji paréntah supaya urang Yahudi nu cicing di wilayah karajaan Pérsia dipaéhan dina sapoé. Rencana jahat ieu téh dijieun ku Haman, nu harita jadi perdana mentri. (Ester 3:13-15; 4:1, 5) Ku bantuan kapi lanceukna nyaéta Mordékai, sarta ku narohkeun nyawana, Éster ngabolékérkeun rencana jahat Haman ka salakina, Raja Ahaswéros. (Ester 4:10-16; 7:1-10) Sanggeusna Ahaswéros ngidinan Éster jeung Mordékai pikeun nyieun surat paréntah séjén, nyaéta ngidinan urang Yahudi pikeun ngabéla diri. Ahirna, bangsa Yahudi bisa ngéléhkeun musuh-musuhna.—Ester 8:5-11; 9:16, 17.
Urang diajar naon tina kisah Éster? Ratu Éster téh tuladan luar biasa dina némbongkeun kawani, karendahan haté, jeung sikep basajan. (Jabur 31:25; Pilipi 2:3) Sanajan geulis jeung boga kawasa, manéhna rendah haté, daék ménta naséhat sarta bantuan ti batur. Waktu ngomong jeung salakina, manéhna bijaksana jeung némbongkeun hormat, bari tetep wani. Terus waktu bangsa Yahudi kaancam, manéhna gé wani nyingkabkeun yén manéhna urang Yahudi.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Ia Membela Umat Allah” jeung ”Ia Bijaksana, Berani, dan Tidak Egois”.
Hawa
Saha Hawa téh? Manéhna téh awéwé nu pangmimitina diciptakeun jeung pangmimitina disebutkeun dina Alkitab.
Naon nu dilakukeunana? Hawa ngalanggar paréntah nu jelas ti Allah. Sarua siga salakina, nyaéta Adam, Hawa téh diciptakeun sampurna. Manéhna dibéré kabébasan milih sarta kasanggupan pikeun mekarkeun sipat-sipat alus, misalna kanyaah jeung kabijaksanaan. (Kajadian 1:27) Hawa apal yén Allah geus méré nyaho Adam yén lamun ngadahar buah ti salah sahiji tangkal, maranéhna bakal maot. Tapi, Hawa katipu ku Sétan sarta percaya yén manéhna moal bakal maot. Malah manéhna ogé ditipu yén kahirupan manéhna bakal leuwih hadé lamun teu nurut ka Allah. Seug buahna didahar ku Hawa terus manéhna ngolo salakina sangkan milu ngadahar ogé.—Kajadian 3:1-6; 1 Timoteus 2:14.
Urang diajar naon tina kisah Hawa? Hawa jadi conto nu ngingetan urang kana bahayana teterusan mikirkeun kahayang nu salah. Manéhna ngalanggar paréntah Allah sarta ngantep kahayang pikeun nyokot hal nu lain milikna beuki kuat.—Kajadian 3:6; 1 Yohanes 2:16.
Hana
Saha Hana téh? Manéhna téh pamajikan Élkana sarta indungna Samuél, nu engkéna jadi nabi nu kasohor di Israil jaman baheula.—1 Samuel 1:1, 2, 4-7.
Naon nu dilakukeunana? Basa can boga anak, Hana ménta kategeran ti Allah. Salakina Hana téh boga dua pamajikan. Pamajikan nu hiji deui, nyaéta Pénina, geus boga barudak. Tapi, Hana can boga anak kénéh sanajan kawinna geus lila. Pénina ngaléléwé Hana ku cara nu kejem, tapi Hana ngadoa ménta kategeran. Manéhna nyieun ikrar ka Allah, nyaéta lamun dibéré anak ku Allah, éta anak bakal dibaktikeun pikeun ngalalayanan di tabernakel, nyaéta kémah nu bisa dipundah-pindah, nu digunakeun bangsa Israil pikeun ibadah.—1 Samuel 1:11.
Doa Hana dikabulkeun, manéhna ngalahirkeun orok nu dingaranan Samuél. Hana nedunan ikrarna sarta ngabaktikeun Samuél nu leutik kénéh pikeun ngawula di tabernakel. (1 Samuel 1:27, 28) Unggal taunna, Hana nyieun mantel kutung pikeun Samuél. Terus Hana gé diberkahan ku Allah, manéhna dibéré lima budak deui, nyaéta tilu budak lalaki jeung dua budak awéwé.—1 Samuel 2:18-21.
Urang diajar naon tina kisah Hana? Doa Hana nu sapinuh haté ngabantu manéhna teger. Doana nu pinuh ku ucapan sukur nu dicatet di 1 Samuel 2:1-10 némbongkeun imanna nu kuat ka Allah.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Ia Mencurahkan Hatinya kepada Allah dalam Doa”.
▸ Pikeun katerangan ngeunaan ku naon Allah ngidinan umat-Na poligami di jaman baheula, tingali artikel ”Apakah Allah Menyetujui Poligami?” dina majalah Menara Pengawal 1 Juli 2009.
Yaél
Saha Yaél téh? Manéhna téh pamajikan Hébér, nu lain urang Israil. Yaél wani nyieun tindakan pikeun ngadukung umat Allah.
Naon nu dilakukeunana? Yaél teu asa-asa nyieun tindakan waktu Siséra, saurang pamingpin pasukan Kanaan, datang ka kémahna. Siséra geus éléh waktu ngalawan Israil sarta ayeuna keur néangan tempat pikeun nyumput jeung istirahat. Yaél ngidinan manéhna asup ka kémahna. Pas Siséra keur saré, Yaél maéhan manéhna.—Hakim 4:17-21.
Tindakan Yaél ieu ngawujudkeun ramalan nu diomongkeun ku Débora, ”Sisera teh ku PANGERAN baris diselehkeun ka leungeun hiji awewe.” (Hakim 4:9) Ku lantaran tindakanana, Yaél dipuji sarta disebut awéwé nu paling diberkahan.—Hakim 5:24.
Urang diajar naon tina kisah Yaél? Yaél teu cicing waé, tapi manéhna nyieun tindakan nu wani. Pangalamanana ngabuktikeun yén Allah bisa ngadalikeun kaayaan sangkan ramalana-Na ngawujud.
Isebél
Saha Isebél téh? Manéhna téh pamajikan Raja Ahab ti Israil. Tapi, manéhna lain urang Israil jeung teu nyembah Yéhuwa. Sabalikna, manéhna nyembah Baal, allahna urang Kanaan.
Naon nu dilakukeunana? Ratu Isebél téh pangawasa nu sangeunahna, kejem, jeung kasar. Manéhna ngagul-ngagulkeun ibadah ka Baal jeung kabiasaan rucah nu jadi bagian tina ibadahna. Manéhna gé nyoba nyingkirkeun saha waé nu ibadah ka Yéhuwa, Allah nu sajati.—1 Raja 18:4, 13; 19:1-3.
Pikeun nyumponan kahayangna, Isebél ngabohong jeung maéhan jalma-jalma. (1 Raja 21:8-16) Saperti nu diramalkeun ku Allah, manéhna maot ku cara nu kejem jeung teu dikuburkeun.—1 Raja 21:23; 2 Raja 9:10, 32-37.
Urang diajar naon tina kisah Isebél? Kisah Isebél téh conto nu goréng. Lantaran ahlakna ruksak jeung manéhna daék maké sagala cara pikeun nyumponan kahayangna, manéhna téh kasohor awéwé nu euweuh kaéra, ruksak ahlakna, jeung teu bisa ngadalikeun diri.
Léa
Saha Léa téh? Manéhna téh pamajikan Yakub nu kahiji. Rahél, adina téh, pamajikan Yakub nu kadua.—Kajadian 29:20-29.
Naon nu dilakukeunana? Léa boga genep budak ti Yakub. (Rut 4:11) Tadina Yakub rék nikah jeung Rahél, lainna Léa. Tapi Laban, bapa maranéhna, ngatur supaya Léa ngagantikeun Rahél. Waktu sadar geus ditipu supaya nikah jeung Léa, Yakub protés ka Laban. Laban nandeskeun yén teu umum lamun adi nikah ti heula saacan lanceukna. Saminggu sanggeusna, kakara Yakub nikah jeung Rahél.—Kajadian 29:26-28.
Yakub leuwih cinta ka Rahél ti batan ka Léa. (Kajadian 29:30) Ahirna Léa jadi timburu, terus pasaing-saing jeung adina pikeun meunangkeun kanyaah jeung perhatian Yakub. Allah merhatikeun parasaan Léa, terus ngaberkahan manéhna ku méré tujuh budak, nyaéta genep budak lalaki jeung hiji budak awéwé.—Kajadian 29:31.
Urang diajar naon tina kisah Léa? Léa ngandelkeun Yéhuwa dina doa. Sanajan boga masalah dina kulawargana, Léa sadar yén Allah pasti nulungan. (Kajadian 29:32-35; 30:20) Kahirupanana némbongkeun yén sanajan basa éta poligami téh diidinan ku Allah, éta ngan matak nyusahkeun perkawinan. Papakon nu ditetepkeun ku Allah téh nyaéta salaki atawa pamajikan ngan meunang boga hiji batur hirup.—Mateus 19:4-6.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Kakak-Beradik yang Merana yang ’Membangun Keturunan Israel’” dina majalah Menara Pengawal 1 Oktober 2007.
▸ Pikeun katerangan ngeunaan ku naon Allah ngidinan umat-Na poligami di jaman baheula, tingali artikel ”Apakah Allah Menyetujui Poligami?” dina majalah Menara Pengawal 1 Juli 2009.
Marta
Saha Marta téh? Manéhna téh dulurna Lasarus jeung Maria. Maranéhna cicing di désa Bétania, deukeut Yérusalém.
Naon nu dilakukeunana? Marta téh sobatna Yésus. Yésus téh ”nyaaheun ka Marta, ka Maria, jeung ka Lasarus”. (Yohanes 11:5) Marta resep ngabagéakeun tamu. Waktu Yésus datang, Maria mah ngadéngékeun Yésus, lainna mantuan Marta nu sibuk ngurus dahareun. Tuluy, Marta ngadu ka Yésus. Sacara lembut, Yésus méré naséhat ngeunaan cara pandang Marta.—Lukas 10:38-42.
Waktu Lasarus gering, Marta jeung Maria ménta Yésus datang lantaran yakin yén anjeunna bisa nyageurkeun Lasarus. (Yohanes 11:3, 21) Tapi Lasarus kaburu maot. Tina obrolanana jeung Yésus, katémbong yén Marta boga iman kana jangji Alkitab ngeunaan pihudangeunana nu maot sarta kana kawasa Yésus pikeun ngahirupkeun deui Lasarus.—Yohanes 11:20-27.
Urang diajar naon tina kisah Marta? Marta téh daék répot pikeun ngabagéakeun tamu. Manéhna rendah haté lantaran daék narima naséhat. Manéhna gé teu asa-asa nyaritakeun parasaanana jeung imanna.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Aku Percaya”.
Mariam (indungna Yésus)
Saha Mariam téh? Manéhna téh urang Yahudi. Manéhna ngandung Yésus lantaran mujijat. Jadi waktu ngalahirkeun Yésus, manéhna téh parawan kénéh.
Naon nu dilakukeunana? Mariam téh rendah haté dina ngalakukeun kahoyong Allah. Manéhna geus tunangan jeung Yusup waktu saurang malaikat némbongkeun diri jeung méré nyaho yén Mariam bakal hamil jeung ngalahirkeun Mésias nu dijangjikeun. (Lukas 1:26-33) Manéhna daék narima tugas éta. Sanggeus Yésus lahir, Mariam jeung Yusup boga opat budak lalaki, jeung sahenteuna dua budak awéwé. Jadi Mariam teu teu teterusan parawan. (Mateus 13:55, 56) Sanajan boga tanggung jawab husus, manéhna teu pernah hayang kapuji atawa diistiméwakeun, boh waktu Yésus masih ngalalayanan di bumi kénéh boh waktu manéhna geus jadi anggota sidang Kristen nu mimiti.
Urang diajar naon tina kisah Mariam? Mariam téh wanita satia nu daék narima tanggung jawab nu sérius. Manéhna gé apal loba ayat Alkitab. Ceuk hiji sumber, manéhna pernah ngutip kira-kira 20 ayat, éta dicatet dina Lukas 1:46-55.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Hal-Hal yang Dapat Dipelajari dari Teladan Maria” dina majalah Menara Pengawal 1 Januari 2009.
Maria (dulurna Marta jeung Lasarus)
Saha Maria téh? Maria jeung dulur-dulurna, nyaéta Lasarus jeung Marta, nyobat dalit jeung Yésus.
Naon nu dilakukeunana? Maria teterusan ngabuktikeun yén manéhna ngahargaan pisan Yésus nu jadi Putra Allah. Manéhna némbongkeun imanna kana kawasa Yésus pikeun ngahirupkeun deui Lasarus. Manéhna gé aya waktu Yésus ngahirupkeun deui Lasarus. Marta, dulurna, ngiritik Maria lantaran leuwih milih ngadéngékeun Yésus ti batan ngabantuan Marta. Tapi, Yésus muji Maria lantaran manéhna mentingkeun hal-hal rohani.—Lukas 10:38-42.
Dina hiji waktu, Maria némbongkeun sipat béréhan waktu manéhna ngucurkeun ”minyak seungit anu mahal” kana sirah jeung suku Yésus. (Mateus 26:6, 7) Ceuk jalma-jalma, Maria téh boros. Tapi Yésus ngabéla Maria ku ngomong, ”Di mana bae Injil [hal Karajaan Allah] diwawarkeun di sakuliah dunya, kahadean ieu wanita ka Kami geus tangtu bakal disebut, dijieun pangeling-eling ka manehna.”—Mateus 24:14; 26:8-13.
Urang diajar naon tina kisah Maria? Maria mekarkeun iman nu kuat. Manéhna mentingkeun ibadah ka Allah ti batan hal-hal séjénna. Manéhna ogé ngahargaan Yésus sanajan kudu méakkeun loba duit.
Maria Magdaléna
Saha Maria Magdaléna téh? Manéhna téh murid Yésus nu satia.
Naon nu dilakukeunana? Maria Magdaléna téh salah sahiji wanita nu milu dina perjalanan Yésus jeung murid-muridna. Maria téh béréhan ku cara ngagunakeun duitna sorangan pikeun ngurus pangabutuh maranéhna. (Lukas 8:1-3) Manéhna nuturkeun Yésus nepi ka ahir palayananana, sarta terus ngadukung Yésus waktu anjeunna rék dipaéhan. Maria meunang hak istiméwa pikeun jadi salah sahiji jalma nu mimiti ningali Yésus sanggeus dihirupkeun deui.—Yohanes 20:11-18.
Urang diajar naon tina kisah Maria? Maria Magdaléna téh béréhan ku cara ngadukung palayanan Yésus jeung terus jadi murid nu satia.
Miryam
Saha Miryam téh? Manéhna téh dulurna Musa jeung Harun. Manéhna téh nabi istri nu pangmimitina disebutkeun dina Alkitab.
Naon nu dilakukeunana? Manéhna boga tugas pikeun méré nyaho pesen ti Allah. Manéhna gé boga tanggung jawab nu gedé di Israil sarta milu nyanyikeun kawih kaunggulan bareng jeung para priya sanggeus Allah ngabinasakeun pasukan Mesir di Laut Beureum.—Budalan 15:1, 20, 21.
Sababaraha waktu sanggeusna, ku lantaran timburu jeung sombong, Miryam jeung Harun ngiritik Musa. Éta ”kadangu ku PANGERAN”, jadi Mantenna méré naséhat nu tegas ka Miryam jeung Harun. (Bilangan 12:1-9) Miryam dibéré panyakit lépra, bisa jadi lantaran manéhna nu ngamimitian ngiritik Musa. Musa ngadoa ménta Allah nyageurkeun Miryam. Terus ku Allah dikabulkeun. Sanggeus tujuh poé dipencilkeun, kakara Miryam meunang balik deui ka pakémahan Israil.—Bilangan 12:10-15.
Alkitab nunjukkeun yén Miryam daék narima naséhat. Mangabad-abad sanggeusna, Allah nyebutkeun tanggung jawab Miryam nu istiméwa waktu Mantenna ngingetan urang Israil, ”Kami geus ngutus Musa, Harun jeung Miryam sangkan nungtun ka maraneh.”—Mika 6:4.
Urang diajar naon tina kisah Miryam? Kisah Miryam némbongkeun yén Allah merhatikeun omongan hamba-hamba-Na ka dulur saiman. Urang ogé diajar yén pikeun nyenangkeun Allah, urang teu meunang sombong jeung timburu lantaran éta bisa ngajurung urang ngagogoréng batur.
Rahél
Saha Rahél téh? Manéhna téh anak awéwé Laban, jeung pamajikan nu dipikacinta ku Yakub.
Naon nu dilakukeunana? Rahél nikah jeung Yakub, terus boga dua budak lalaki. Barudakna éta jadi karuhun ti 12 kaom Israil di jaman baheula. Rahél mimiti panggih jeung salakina waktu keur ngangon domba-domba bapana. (Kajadian 29:9, 10) Dibandingkeun jeung Léa, lanceukna, Rahél téh leuwih narik ati.—Kajadian 29:17.
Yakub bogoheun ka Rahél, nepi ka daék digawé tujuh taun sangkan bisa nikah jeung Rahél. (Kajadian 29:18) Tapi, Yakub ku Laban diakalan supaya nikah jeung Léa heula. Sanggeusna, kakara Laban ngidinan Yakub nikah jeung Rahél.—Kajadian 29:25-27.
Yakub leuwih nyaah ka Rahél jeung dua budakna ti batan ka Léa jeung barudakna. (Kajadian 37:3; 44:20, 27-29) Ku kituna, dua awéwé éta jadi pasaing-saing.—Kajadian 29:30; 30:1, 15.
Urang diajar naon tina kisah Rahél? Rahél bisa tabah nyanghareupan masalah dina kulawargana lantaran percaya yén Allah bakal ngadangukeun doa-doana. (Kajadian 30:22-24) Kisahna gé némbongkeun yén poligami téh ngan matak nyusahkeun perkawinan. Pangalaman Rahél nunjukkeun yén papakon Allah pikeun perkawinan téh bijaksana, nyaéta hiji lalaki ngan meunang boga hiji pamajikan.—Mateus 19:4-6.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Kakak-Beradik yang Merana yang ’Membangun Keturunan Israel’” dina majalah Menara Pengawal 1 Oktober 2007.
▸ Pikeun katerangan ngeunaan ku naon Allah ngidinan umat-Na poligami di jaman baheula, tingali artikel ”Apakah Allah Menyetujui Poligami?” dina majalah Menara Pengawal 1 Juli 2009.
Rahab
Saha Rahab téh? Manéhna téh palacur nu cicing di kota urang Kanaan, nyaéta Yériho. Ka dieunakeun, manéhna nyembah Allah Yéhuwa.
Naon nu dilakukeunana? Rahab nyumputkeun dua urang Israil nu keur jadi mata-mata di kota Yériho. Manéhna ngalakukeunana lantaran geus ngadéngé carita ngeunaan Yéhuwa, Allahna urang Israil, nu nyalametkeun umat-Na ti Mesir jeung ti serangan urang Émor.
Rahab nulungan mata-mata éta jeung ménta sangkan manéhna jeung kulawargana disalametkeun waktu kota Yériho diancurkeun ku Israil. Dua mata-mata éta satuju, tapi aya saratna: Rahab teu meunang ngalaporkeun maranéhna, Rahab jeung kulawargana kudu cicing di imah waktu urang Israil nyerang, sarta Rahab kudu ngagantungkeun tali beureum dina jandélana pikeun nandaan imahna. Rahab taat kana kabéh paréntah, ku kituna manéhna jeung kulawargana salamet waktu urang Israil ngepung Yériho.
Ahirna Rahab nikah jeung urang Israil sarta jadi karuhunna Raja Daud jeung Yésus Kristus.—Yosua 2:1-24; 6:25; Mateus 1:2-16.
Urang diajar naon tina kisah Rahab? Kisah Rahab téh jadi tuladan iman nu luar biasa nu dicatet dina Alkitab. (Ibrani 11:30, 31; Yakobus 2:25) Kisahna gé némbongkeun yén Allah téh réla ngahampura jeung teu beurat sabeulah, sarta resep ngaberkahan jalma nu percaya ka Mantenna teu sual kasang tukangna.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Ia ’Dinyatakan Adil-Benar Melalui Perbuatan’” dina majalah Menara Pengawal 1 November 2013.
Rabéka
Saha Rabéka téh? Manéhna téh pamajikanana Ishak, sarta indung ti dua budak kembar, nyaéta Yakub jeung Ésau.
Naon nu dilakukeunana? Rabéka ngalampahkeun kahoyong Allah sanajan dina kaayaan nu susah. Basa manéhna keur nimba cai ti sumur, aya saurang lalaki nu ménta cai inum saleguk. Rabéka langsung méré cai inum keur éta lalaki sarta onta-ontana. (Kajadian 24:15-20) Éta lalaki téh palayan Ibrahim nu geus nempuh perjalanan jauh pikeun néangan pamajikan keur Ishak, putrana Ibrahim. (Kajadian 24:2-4) Palayan éta geus ngadoa ka Allah ménta diberkahan. Waktu ningali yén Rabéka téh getol jeung resep ngabagéakeun tamu, manéhna sadar yén Allah geus ngajawab doana ku nunjukkeun yén Rabéka téh awéwé nu dipilih Allah pikeun Ishak.—Kajadian 24:10-14, 21, 27.
Sanggeus ngadéngé alesan éta palayan datang, Rabéka daékeun milu ka éta palayan sarta jadi pamajikan Ishak. (Kajadian 24:57-59) Rabéka gé diberkahan ku dibéré dua anak kembar. Allah nyingkabkeun yén anak nu leuwih kolot, nyaéta Ésau, bakal ngalalayanan nu leuwih ngora, nyaéta Yakub. (Kajadian 25:23) Waktu Ishak rék méré berkah pikeun anak cikal ka Ésau, Rabéka nyieun tindakan supaya Yakub nu diberkahan, éta téh luyu jeung kahoyong Allah.—Kajadian 27:1-17.
Urang diajar naon tina kisah Rabéka? Rabéka téh basajan, getol, jeung resep ngabagéakeun tamu. Sipat-sipat ieu nu ngajadikeun manéhna pamajikan, indung, sarta umat Allah nu hadé.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Aku Bersedia Pergi”.
Rut
Saha Rut téh? Manéhna téh urang Moab nu ninggalkeun allah-allahna sarta lemburna pikeun jadi umat Yéhuwa di nagrina urang Israil.
Naon nu dilakukeunana? Rut kacida nyaahna ka mitohana, Naomi. Lantaran aya kalaparan di Israil, Naomi téh indit ka Moab bareng jeung salaki sarta dua budak lalakina. Di ditu, dua budak lalakina kawin jeung awéwé Moab, nyaéta Rut jeung Orpa. Tapi ahirna, salaki Naomi maot, kitu ogé dua budak lalakina. Naomi jeung dua minantuna jadi randa.
Naomi mutuskeun rék balik deui ka Israil sanggeus teu aya bahla kalaparan di ditu. Rut jeung Orpa hayangeun milu. Tapi Naomi nitah maranéhna balik ka kulawargana. Jadi, Orpa balik. (Rut 1:1-6, 15) Tapi Rut mah embung ninggalkeun mitohana. Rut nyaah pisan ka Naomi sarta hayang nyembah Allahna Naomi, nyaéta Yéhuwa.—Rut 1:16, 17; 2:11.
Rut téh kasohor di lemburna Naomi, nyaéta Bétléhém, lantaran manéhna téh minantu nu hadé sarta getol digawé. Saurang tuan tanah nu beunghar nu ngaranna Boas, mani tajub ka Rut. Manéhna gé béréhan ka Rut jeung Naomi ku cara nyadiakeun dahareun keur maranéhna. (Rut 2:5-7, 20) Ka dieunakeun, Rut ditikah ku Boas, sarta jadi karuhunna Raja Daud jeung Yésus Kristus.—Mateus 1:2-16.
Urang diajar naon tina kisah Rut? Saking ku nyaahna ka Naomi jeung Yéhuwa, Rut réla ninggalkeun kulawarga jeung lemburna. Manéhna téh getol digawé, satia, sarta réla ngabaktikeun dirina sanajan nyanghareupan loba kasusah.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Ke Mana Engkau Pergi Aku Akan Pergi” jeung ”Wanita yang Baik Sekali”.
Sarah
Saha Sarah téh? Manéhna téh pamajikanna Ibrahim sarta indungna Ishak.
Naon nu dilakukeunana? Sarah ninggalkeun kahirupanana nu genah di kota Ur lantaran boga iman kana jangji Allah ka salakina, nyaéta Ibrahim. Allah nitah Ibrahim indit ti Ur ka nagrina urang Kanaan. Allah jangji manéhna bakal diberkahan sarta dijadikeun bangsa nu gedé. (Kajadian 12:1-5) Bisa jadi harita umur Sarah téh 60-an. Ti saprak éta, Sarah jeung salakina cicing di kémah sarta hirup pundah-pindah.
Sanajan sok aya bahaya lantaran cicing di kémah, Sarah terus ngadukung Ibrahim dina nuturkeun bingbingan Allah. (Kajadian 12:10, 15) Salila mangtaun-taun Sarah can boga anak kénéh, manéhna mani nalangsa. Padahal Allah geus jangji bakal ngaberkahan turunan Ibrahim. (Kajadian 12:7; 13:15; 15:18; 16:1, 2, 15) Harita, Allah negeskeun yén Sarah pasti boga anak ti Ibrahim. Ahirna Sarah ngalahirkeun orok waktu umurna geus kolot pisan, nyaéta 90 taun. Ari Ibrahim umur 100 taun. (Kajadian 17:17; 21:2-5) Orokna dingaranan Ishak.
Urang diajar naon tina kisah Sarah? Kisah Sarah ngayakinkeun urang pikeun terus percaya yén Allah bakal ngawujudkeun jangjina sanajan katingalina mustahil. (Ibrani 11:11) Sarah gé jadi pamajikan nu tunduk ka salakina, sikepna ieu jadi tuladan nu hadé.—1 Petrus 3:5, 6.
▸ Pikeun katerangan leuwih loba, tingali artikel ”Engkau Wanita yang Cantik” dina majalah Menara Pengawal No. 3 taun 2017 jeung ”Ibu Para Raja” dina majalah Menara Pengawal No. 5 taun 2017.
Mojang Sulam
Saha Mojang Sulam téh? Manéhna téh kembang désa nu geulis sarta lakon utama dina salah sahiji buku Alkitab, nyaéta buku Kidung Agung. Tapi, Alkitab teu nyebutkeun saha ngaranna.
Naon nu dilakukeunana? Mojang Sulam téh satia ka lalaki nu dipikacinta ku manéhna, nyaéta saurang jajaka tukang ngangon. (Kidung Agung 2:16) Sakitu geulisna manéhna, nepi ka Raja Suléman nu beunghar gé merhatikeun manéhna jeung ngupayakeun sagala cara supaya diperhatikeun ku éta mojang. (Kidung Agung 7:6) Sanajan batur ngajurung mojang Sulam milih Suléman, manéhna embungeun. Manéhna satia jeung cinta ka jajaka biasa nu jadi tukang ngangon.—Kidung Agung 3:5; 7:10; 8:6.
Urang diajar naon tina kisah mojang Sulam? Manéhna téh tetep basajan sanajan geulis pisan jeung meunang perhatian ti loba jalma. Babaturanana gé ngajurung sarta ngabibita yén manéhna bakal beunghar jeung kasohor, tapi cintana ka jajaka éta teu jadi leungit. Manéhna ngajaga parasaanana sarta kalakuanana tetep bersih.
Pamajikan Elut
Saha pamajikan Elut téh? Ngaranna teu disebutkeun dina Alkitab. Tapi Alkitab nyaritakeun yén manéhna téh boga dua budak awéwé. Manéhna sakulawarga cicing di kota Sadumu.—Kajadian 19:1, 15.
Naon nu dilakukeunana? Pamajikan Elut teu taat kana paréntah Allah. Allah geus mutuskeun rék ngancurkeun Sadumu jeung kota-kota di sakurilingeunana lantaran kalakuan pendudukna nu rucah pisan. Tapi lantaran Allah nyaah ka Elut jeung kulawargana, Allah ngutus dua malaikat pikeun nyalametkeun maranéhna.—Kajadian 18:20; 19:1, 12, 13.
Dua malaikat éta nitah kulawarga Elut pikeun indit ti éta tempat jeung ulah ngalieuk ka tukang. Lamun henteu, maranéhna bakal maot. (Kajadian 19:17) Tapi pamajikan Elut ”ngalieuk ka tukang, sarta harita keneh jleg bae ngajadi tihang uyah”.—Kajadian 19:26.
Urang diajar naon tina kisah pamajikan Elut? Kisahna nunjukkeun bahayana mikanyaah hal-hal matéri nepi ka teu daék taat ka Allah. Yésus ngutip kisah ieu pikeun dijadikeun conto goréng. Ceuk anjeunna, ”Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!”—Lukas 17:32.
Iraha Para Wanita ieu Hirup?
Caah Gedé (2370 SM)
Urang Israil kaluar ti Mesir (1513 SM)
Raja Israil nu mimiti (1117 SM)
Baptisan Yésus (29 M)
Maotna Yésus (33 M)